From Wikipedia, the free encyclopedia
Hiris atawa Gude, kacang gude, atau kacang bali (Cajanus cajan) nyaéta sarupaning tangkal kacang-kacangan anu hirupna nahun (perenial). Sikina bisa didahar sarta mangrupa sumber pangan séjéna. Ieu tangkal kawilang tahan kana iklim panas ku lantaran éta tangkal hiris dipaké tangkal penghijauan di daérah anu mibanda lahan garing, di sabaraha tempat dipelak digalengan sawah atawa pager hirup anu ngurilingan sisi kebon.
Hiris (Gude) | |
---|---|
Gude, Cajanu caja dari Ayotupas, Timor Tengah Selatan | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | Eudikotil |
(unranked): | Rosidae |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | Cajanus |
Spésiés: | C. cajan |
Ngaran binomial | |
Cajanus cajan | |
Sinonim[2] | |
Di Indonesia, ieu tangkal katelah binatung (Makassar),[7] fouhate (Ternaté jeung Tidore),[8] Hiris, kacang kai, kacang gude (Jawa), kacang bali (Bahasa Melayu), kacang hiris (Sunda), kance (Bugis), kekace, undis (Bali), kacang iris, kacang turis, lebui, legui, puwe jai (Halmahéra), tulis (Roté), tunis (Timor), ritik lias (Batak Karo), jeung koloure (Tomia-Wakatobi).[9]
Hiris mangrupa perdu jangkung nepi ka 3 m.[10] Ieu tangkal henteu mibanda umur panjang kurang leuwih 1-5 taun salila hirupna.[8] dina tangkalna aya bulu-bulu anu lemes, tur mibanda dahan anu kawilang loba. Tangkalna buleud tur aya guratan dina saluareun kulitna kelirna héjo nepi ka rada kacoklatan. Daunna sapasang, unggal pasang mibanda tilu palapah. Ieu daunna ogé mibanda bulu-bulu anu lemes, wujudna lonyod [9] kulit dahanna mibanda kelir héjo. kembangna jiga kukupu ngaranggeuy aya sababaraha kembang dina saranggeuy panjangna kurang leuwih 15-30 cm, kelirna semu jiga layung nepikeun ka rada kacoklatan .[10] serbuk sari mibanda kelir konéng, putikna ngan hiji, melengkung, mahkotana ogé konéng .[7] Buahna polong, mibanda ukuran kurang leuwih 7,5 cm,[10] lempeng/aya ogé anu melengkung jiga arit. Sikina laleutik di mana masih ngora mibanda kelir bodas, robah kelir sikina jadi gading dina mangsa gumading, nepi ka coklat, di mana geus kolot [8]. Akarna tunggang, sarta mibanda kelir bodas rada rumeuk.[7]
Siki buah hiris sirungan dina 2-3 minggu ti saprak dipelakeun dina taneuh. Umur 56-210 poé Kaluar kembang. Tangkal hiris kagolongkeun déwasa di mana geus nincak umur 95-256 poé dina kaayaan normal usum hujan jeung beurang leuwih lila ieu tangkal gancang pisan kembangan. Tapi di Indonésia mah, usum kembangan jeung buahan bisa waé sapanjang taun.
Dilaporkeun ku Setijati Sastrapradja jeung baturna dina taun 1981, gude/hiris mimiti kapanggih di Afrika. Kaduana di India anu mangrupa puseur tina rupa-rupa pepelakan. Kiwari, ieu tangkal hiris loba kapanggih di nagara-nagara tropis ogé subtropis.[10] Numutkeun catetan Prosea, hiris/gude asal muasalna ti India, satuluyna nyebar nepi ka Asia Tenggara. Gude nepi ka Afrika dina taun 2000 SM bisa ogé saméméhna ti éta, nepi ka nagara Amerika ngaliwatan budak-budak beulian ti Afrika , jeung disawang ieu hiris ngaliwan ogé Atlantik jeungPasifik. Kiwari ieu tangkal téh loba jadi pepelakan di nagara tropis, kaasup di jerona Anakbenua India jeung Afrika Selatan, meureun mimiti tina abad ka-17 Masehi.[11]
Catetan-catetan séjén mertelakeun kamungkinan ieu tangkal asalna ti India. Di dieu aya tangkal liar anu mangrupa kulawarrgana (Mansi) tempatna di leuweung tropis.[12] Papanginggah arkéologis ngeunaan ieu kacang bali sahenteuna aya dina dua situs Neolitik di Odisha, Gopalpur jeung Golbai Sassan umurna kurang leuwih 3.400 jeung 3.000 taun anu geus kaliwat, jeung hiji situs di India kidul, Sanganakallu jeung Tuljapur Garhi, ogé mibanda umur kurang leuwih 3,400 taun kaliwat.[13] Ti India, nepi keun ka Afrika wétan jeung Afrika Kulon. Dinamangsa kapanggih ku urang Eropa, nya di dieu pisan dingaranan Congo Pea (Kacang Kongo).[11]
Di Indonésia, tangkal hiris geus dibudidayakeun sahenteuna di pulo Jawati abad ka-6 maséhi. Budidaya hiris dina ukuran loba tacan pernah dilakukeun, tapi kacang hiris ieu umumna dihasilkeun di pulo Jawa, Bali, Nusa Tenggara , Sulawesi, jeung Wakatobi.[14] Utamana di jawa beulah wetan loba huma-huma ogé kebon anu kaayaana 2000 mdpl.[10] Heyne nétélakeun yén ieu tangkal bisa jadi kalawan subur dina 1650 mdpl. Tangkal hiris bisa dibudidayakeun di nagara-nagara anu mibanda iklim tropis atawa subtropis. Baheula di dataran Sunda, tangkal hiris bisa jadi sanajan dipelakeun dina taneuh anu kawilang garing [15] Di Jawa, tangkal hiris dijieu pepelakan anu ngabantu pikeun nyukupan kabutuhan pangan jeung gemuk héjo. Bisa jadi dipelakeun ti mimiti dataran lebak nepikeun ka dataran luhur 2000 mdpl. Dina hirupna mikabutuh pisan kana cahaya panon poé jeung kurang kuat di mana taneuh beueus.[16]
Polong hiris anu ngora kénéh dipaké lalab, sayur atawa rujak. Sikina saméméh dikonsumsi biasana digoréng heula, sakapeung bisa ogé dimangpaatkeun pikeun ubar, dijieun témpé jeung tahu gagantina kadelé, atawa diolah ku jalan disangray.[17].[15] Di Anak benua India, kacang hiris diarah sikina tuluy diolah jadi hiji kadaharan anukatelah dhal'. Baheula Heyne dina taun 1916, dhal dianggap kurang kagunaana; ku lantaran éta kacang hiris dijieun kadaharan panutup anu dibéré rasa amis .[15] Daun ngorana bisa dilalab saméméhna diléob atawa diseupan heula.[16] Kembang jeung sikina ogé sakapeung disayur. Dahan jeung tangkal dipaké pikeun suluh atawa dijieun karinjang. Mangpaat séjén tangkal hiris nyaéta mangrupa pepelakan palawija pikeun iuh-iuh pikeun tangkal valina, ogé panahan angin. Di Madagaskar, daunna dipaké ogé pikeun parab hileud sutra.
Kandungan kimia jeung gizina, dipikanyaho: daunna ngandung flavonoid, saponin, jeung polifenol. Sedengkeun dahan jeung tangkalna flavonoida, saponin, jeung tanin.[16] Menurut situs Globinmed.com, disebutkan lebih lengkap kandungan gizina:2'-o-methylcajanone, 7-hydroxy-methoxyisolaflavone, alpha-copaene, beta-himachalene, cajaminose, cajanin, asam cajaninistilbene, cajaquinone, lupéol, orientin, asam fitat, pinostrobin, vitexin, jeung sajabana.[18] Energi yang terkandung berkisar 1450 kJ/100 g. Biji segar mengandung vitamin, terutama provitamin A dan vitamin B kompleks.[19]
Hiris bisa dimangpaatkeun pikeun ubar ararateul, Heyne nalungtik di Buitenzorg (kiwari Bogor) daun hiris diléob tuluy caina diinum .[10][15] Daun hiris ogé dipaké pikeun ngubaran geuring kuneng, sariawan dina baham, sesek nafas, jeung gangguan padaharan. Di Jawa, daun hiris dipaké pikeun ngubaran galingging, jeung herpes. Akar tangkal hiris ogé mujarab pikeun ngubaran cacingeun, batuk berdahak, jeung raheut. Aya ogé sikina dipaké pikeun ngubaran bagéan awak anu bareuh .[16] Disababaraha tempat di Afrika, ieu tangkal hiris dipaké pikeun ngubaran kasakit padaharan. Malahan di Madagaskar ieu tangkal téh dipaké pikeun ngosok huntu. séjén ti éta tangkal hiris bisa digunakeun pikeun ngubaran infeksi mata, nyeri ceuli, Jeung akarna dipaké ngubaran panyakit sipilis.[18]
Hiris mangrupa pepelakan sumber pangan anu loba kagunanana, di Indonésia (Jawa Timurjeung Pulau Sunda) ogé Filipinagude mangrupa tangkal anu mindeng dipelak di daérah anu garing, dipelak disisi kebon jeung sawah-sawah. Dipelak tina sikina. Bisa dipelak babarengan jeung sorgum, suuk atawa kapas.[19] panyakit atawa Hama tangkal gude anu mindeng ngaganggu nyaéta spesies Heliothis jeung lalat buah Agromyza. Sedengkeun, di Sulawesi beulah kaler, kacang gude diganggu ku hama polong, nyaéta Maruca testulalis jeungHelicoverpa sp. Sok padahal ieu, beubeunangan tatanén kacang hiris ieu mangrupa panambah pikeun nyubadanan kabutuhan kadaharan atawa pangan.[14] Disebutkeun ku Rumphius anu dilaporkeun ku Heyne- di mana "hileud buah jeung daun bakal daratang dina mangsa asup kana usum hujan. Tangkal hiris buahan genep bulan ti saprak dipelak.[15][19]
Dilaporkeun ku Heyne, hiris kabagi jadi sababaraha forma, jeung dibédakeun dumasar kana kelir kulit buah [[siki]], utamana:[15]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.