Subtropis
From Wikipedia, the free encyclopedia
Subtropis nyaéta wewengkon Marcapada anu ayana di belah kalér jeung kidul sanggeus wewengkon tropis anu diwatesanan ku garis balik kalér jeung garis balik kidul di lintang 23,5° kalér jeung kidul. Kaayaan iklim subtropis cirina ku gangguan jeung halangan ti alam saperti badéy, hujan salju, atawa tornado. Daérah iklim subtropis mibanda 4 usum nyaéta usum semi, usum halodo, usum gugur, jeung usum ngijih. Kaopat usum di luhur miboga karakteristik sosoranganan, jeung suhu maksimal, suhu minimal, kalembaban, ogé kayaan mahluk hirup anu béda-béda. Daérah subtropis di belah marcapada kalér ngawengku:
- lolobanana Éropa, iwal Skandinavia.
- Wewengkon Asia Tengah, Asia Wétan, jeung Asia Kulon belah kalér.
- Amérika Sarikat jeung sabudeureunana.
- Afrika Kalér jeung Afrika Kidul.

Sedengkeun daérah di bagian kidul ngawengku:
- Australia
- Bagian kidul Amérika Kidul
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.