Protéin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Protéin mangrupa sanyawa organik kompléks nu beurat molekulna gedé nu diwangun ku asam amino nu disambungkeun ku beungkeut péptida. Protéin ésénsil pikeun struktur jeung pungsi sadaya sél hirup ogé virus. Loba protéin nu mangrupa énzim atawa subunit énzim. Protéin séjén maénkeun pungsi struktural atawa mékanis, kayaning nu ngabentuk urat jeung sandi "sitoskeleton". Protéin ogé mangrupa sumber asupan pikeun organisme nu teu ngahasilkeun énergina sorangan tina cahya panonpoé.
Protéin béda jeung karbohidrat utamana tina kandunganana nu loba nitrogén sarta saeutik walirang di sagigireun karbon, oksigén, jeung hidrogén. Protéin mangrupa unsur utama mahluk hirup sarta mangrupa salah sahiji golongan molekul utama nu diulik dina biokimia; munggaran kapanggih ku Jons Jacob Berzelius taun 1838.