Sanyawa organik
From Wikipedia, the free encyclopedia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sanyawa organik nyaéta golongan besar sanyawa kimia nu molekulna ngandung karbon, iwal karbida, karbonat, jeung oksida karbon. Studi ngeunaan sanyawaan organik disebut kimia organik. Loba di antara sanyawaan organik, kawas protéin, lemak, jeung karbohidrat, mangrupa komponén penting dina biokimia.
Di antara sababaraha golongan sanyawaan organik nyaéta sanyawa alifatik, ranté karbon nu bisa dirobah gugus fungsina; hidrokarbon aromatik, sanyawaan nu ngandung paling henteu hiji cingcin bénzéna; sanyawa hétérosiklik nu ngawengku atom-atom nonkarbon dina struktur cingcinna; jeung polimér, molekul ranté panjang gugus ngulang.
Pangbéda antara kimia organik jeung anorganik nyaéta aya/henteuna beungkeut karbon-hidrogén. antukna, asam karbonat kaasup anorganik, sedengkeun asam format, asam lemak munggaran, organik.
Ngaran "organik" nujul kana sajarahna, dina abad ka-19, nu dipercaya yén sanyawa organik ngan bisa disintésis dina awak organisme dina vis vitalis - "life-force".
Lolobana sanyawaan kimia murni dijieun sacara artifisial.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.