From Wikipedia, the free encyclopedia
Kimia organik mangrupa ulikan ilmiah ngeunaan struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi sanyawa organik.
tata ngaran organik mangrupa sistem nu dimaneuhkeun pikeun ngaranan jeung ngagolongkeun sanyawa organik.
Hidrokarbon - Alkana - Alkéna - Diéna atawa Alkadiéna - Alkuna - Halogénoalkana - Alkohol - Mérkaptan - Éter - Aldehid - Keton - Asam karboksilat - Éster - Karbohidrat - Sanyawa alisiklik - Amida - Amina - Lipid - Nitril
Bénzén - Toluén - Xilén - Anilin - Fénol - Asétofénon - Bénzonitril - Halogénoaren - Naftalén - Antrasén - Fénantrén - Bénzopirén - Koronén - Azulén - Bifénil
Piridin - Pirol - Tiofén - Furan - Imidazol
Polimér mangrupa hiji wujud molekul nu husus. Umum dianggap molekul "gedé", polimér meunang gelar éta dumasar kana ukuranana sabab disusun ku loba bagéan nu leuwih leutik. Bagéan nu leutikna bisa kembar kimiawi nu ngawujud jadi molekul homopolimér, atawa bisa ogé tina béda-béda struktur kimiawi nu ngawujud jadi molekul hétéropolimér. Polimér mangrupa sawaréh ti "makromolekul" nu ukur digolongkeun dumasar ukuranana nu dianggap gedé.
Polimér bisa organik atawa anorganik, umum kapanggih mah organik (misal poliétilén, polipropilén, Pléxiglas, jsb), tapi nu anorganik gé mindeng kapanggih na kahirupan sapopoé (misal silly putty, silikon, jsb).
Tata ngaran organik - Rumus kimia - Rumus struktur - Rumus rangka - Réaksi organik
Nu jadi alesan pangna aya loba pisan sanyawa karbon nyéta sabab karbon mibanda kamampuhan pikeun ngawangun ranté karbon nu panjangna rupa-rupa, sarta cingcin nu ukuranana béda (katénasi). Lolobana sanyawaan karbon peka pisan ku panas jeung umumna terurai méméh 300'C. Cenderung kurang leyur na cai dibanding lolobana uyah anorganik. Béda ti uyah, sanyawa organik leuwih leyur na pangleyur organik saperti éter atawa alkohol. Sanyawa organik kabeungkeut sacara kovalén.
Kimia organik salakuélmu umumna kaaku dimimitian ku sintésis organik uréa ku Friedrich Woehler tina bahan anorganik taun 1828.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.