Énzim
From Wikipedia, the free encyclopedia
Énzim mangrupa protéin, atawa kompléks protéin, nu ngatalisan réaksi kimiawi dina awak organisme. Na jero sél biologis téh lumangsung loba pisan réaksi kimiawi, nu mun tanpa énzim bakal lambat pisan sahingga moal ngadukung kahirupan. Énzim ngagancangkeun réaksi nepi ka rébuan kali lipet. Énzim ogé hiji hal anu sakuduna aya dina kuantitas anu loba sarta kualitas anu pas dina awak mahluk hirup, henteu kacuali manusa, sangkan awak sok cageur sarta kajaga ti sagala macem serangan panyakit.[1]
Énzim RNA atawa "ribozim" dijieunna tina RNA, lain protéin. Umumna ribozim ukur ngatalisan RNA splicing.