Sél (biologi)
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sél mangrupa unit struktural jeung fungsional sadaya organisme hirup. Sababaraha organisme, kayaning baktéri, unisélular, ngan diwangun ku sél nunggal. Organisme séjén, kayaning manusa, kaasup multisélular, (manusa mibanda kira 100 triliun sél). Tiori sél, munggaran dikembangkeun abad ka-19, ngunikeun yén sadaya organisme diwangun ku hiji atawa leuwih sél; sadaya sél datangna ti sél nu saméméhna geus aya; sadaya fungsi vital hiji organisme lumangsung jeroeun sél sarta yén sél ngandung informasi turunan nu dipikabutuh pikeun ngatur fungsi sél sarta pikeun neruskeun informasi ka sél wedalan salajengna.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/su/thumb/e/eb/S%C3%A9l_%C3%A9pit%C3%A9l.jpeg/160px-S%C3%A9l_%C3%A9pit%C3%A9l.jpeg)
Kecap sél asalna tina basa Latin cella, rohangan leutik. Ngaran ieu dipilih ku Robert Hooke sabab anjeunna nempo kamiripan antara sél gabus jeung rohangan leutik.