Asam amino
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina kimia, asam amino nyaéta molekul naon baé nu ngandung boh gugus fungsi amino jeung asam karboksilat. Dina biokimia, harti nu pondok sarta umum ieu mimindengna digunakeun pikeun nujul asam amino alfa: asam amino nu gugus fungsi amino jeung asam karboksilatna kabeungkeut na atom karbon nu sarua.
Résidu asam amino nyaéta naon nu nyésa na hiji asam amino nalika hiji molekul cai leungit (hiji ion hidrogén, H+, ti sisi nitrogén sarta hiji ion hidroxil, OH-, ti sisi karboxilat) dina ngawujudna beungkeut péptida .