![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/bf/Pesantren_Tebuireng%252C_Jombang.jpg/640px-Pesantren_Tebuireng%252C_Jombang.jpg&w=640&q=50)
Pasantrén
From Wikipedia, the free encyclopedia
Pasantrén (aksara Sunda: ᮕᮞᮔ᮪ᮒᮢᮦᮔ᮪; basa Indonésia: pesantren) atawa sok disebut ogé pondok pasantrén nyaéta sakola Islam nu maké kobong anu aya di Indonésia. Pasantrén téh mangrupa lembaga atikan nu dianggap pangheulana aya saméméh patingpucunghulna sakola-sakola formal jiga ayeuna. Tujuan pangatikan di jero pasantrén nyaéta pikeun neleban pangaweruh ngeunaan Al-Qur’an jeung Sunnah Rosul, ku jalan diajar basa Arab jeung aturan-aturan tata basa-basa Arab. Nu dialajar di pasantrén (nu disebut santri) dialajar di ieu sakola, sakalian hirup sapopoé di kobong anu geus disadiakeun ku pasantrén. Institusi anu sarupa jeung pasantrén ogé aya di nagara-nagara lian; misalna di Malaysia jeung Thailand anu disebut sekolah pondok, ogé di India jeung Pakistan anu disebut madrasa Islamia.[1] Pasantrén numutkeun kana définisi dasarna mah mangrupa tempat diajarna para santri, sedengkeun harti pondok nyaéta imah atawa tempat dumuk basajan dijieun tina awi. Di sagigireun éta, kecap pondok meureun asalna tina Basa Arab: فندقا nu hartina kobong atawa hotél. Di Sunda, Jawa jeung Madura umumna dipaké istilah pondok jeung pasantrén, ari di Acéh mah dipikawanoh ku Istilah dayah atawa rangkang atawa ogé menuasa, mun di Minangkabau mah disebutna surau.[2] Pesantrén ogé bisa dipicangkem minangka lembaga atikan jeung pangajaran agama Islam, nu ilaharna mah ku cara nonklasikal, nu mana saurang ajengan ngajarkeun élmu agama Islam ka para santri dumasar kitab-kitab nu ditulis dina basa Arab ku para Ulama Abad pertengahan, jeung para santrina ilaharna dumuk di kobong éta pasantrén.[3]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/bf/Pesantren_Tebuireng%2C_Jombang.jpg/640px-Pesantren_Tebuireng%2C_Jombang.jpg)