![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/5/55/COLLECTIE_TROPENMUSEUM_Poserende_Minangkabause_mannen_TMnr_10005045.jpg/640px-COLLECTIE_TROPENMUSEUM_Poserende_Minangkabause_mannen_TMnr_10005045.jpg&w=640&q=50)
Urang Minang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Minangkabau atawa nu sok disingget Minang (Basa Malayu: Minang atau Minangkabau; Jawi: ميناڠكاباو) nyaéta kelompok etnik Nusantara nu basana Minang jeung ngajungjung ageman Minangkabau. Wewengkon ageman kabudayaanna ngawengku Sumatera Barat, sabeulah ti Riau, bagéan kalér Bengkulu, bagéan kulon Jambi, bagéan kidul Sumatera Utara, barat daya Aceh, ogé Negeri Sembilan di Malaysia.[1] Dina paguneman masarakat, urang Minang sok disebut orang Padang, nempo ka ngaran puseur dayeuh Sumatera Barat nyaéta dayeuh Padang. Namung masarakat ieu biasana bakal nyebut kelompokna ku sebutan urang awak (maksudna sarua jeung urang Minang éta sorangan).[2]
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/c/c0/Crystal_Clear_action_bookmark.svg/20px-Crystal_Clear_action_bookmark.svg.png)
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/5/55/COLLECTIE_TROPENMUSEUM_Poserende_Minangkabause_mannen_TMnr_10005045.jpg/640px-COLLECTIE_TROPENMUSEUM_Poserende_Minangkabause_mannen_TMnr_10005045.jpg)
Nurutkeun A.A. Navis, Minangkabau leuwih ka kultur etnis ti salah sahiji rungkun Malayu nu mekar jeung badag sabab sistim monarki,[3] sarta ngagem sistim adat anu khas, anu dicirikeun ku sistim kakulawargaan ngaliwatan jalur awéwé atawa matrilinéal,[4] sanajan budayana ogé kacida kuat diwarnaan ku ageman agama Islam, sedengkeun Thomas Stamford Raffles, sanggeus ngalakukeun ekspedisi ka alas Minangkabau perenahna kalungguhan Karajaan Pagaruyung, nyebatkeun yén Minangkabau nyaéta sumber kakuatan jeung asak séké sélér Malayu, anu salajengna masarakatna sumebar ka Kapuloan Timur.[5]
Kiwari masarakat Minang mangrupa masarakat anu ngagem matrilinéal pangbadagna saalam buana.[6][7] Iwal ti éta, etnik ieu ogé geus nerapkeun sistem proto-demokrasi ti mangsa pra-Hindu kalawan ayana kabeungkeut rapetna adat keur nangtukeun hal-hal penting jeung pasualan hukum. Prinsip adat Minangkabau kaserat singkat dina kekecapan Adat basandi syara', syara' basandi Kitabullah (Adat sendina hukum, hukum sendina Al-Qur’an) anu artina adatpanutanna ajaran Islam.[8]
Urang Minangkabau kacida punjulna dina paniagaan, salaku profesional jeung intelektual. Aranjeunna mangrupa nu turunan agung ti tradisi buhun Karajaan Malayu jeung Karajaan Sriwijaya anu resep dagang jeung dinamis.[9] Hampir satengah jumlah sadaya anggota masarakat ieu aya di parantauan. Lolobana aya di dayeuh badag saperti Jakarta, Bandung, Pekanbaru, Medan, Batam, Palembang, dan Surabaya. Di luar wilayah Indonésia, etnis Minang looba aya di Negeri Sembilan, Malaysia jeung Singapura.
Masarakat Minang ngabogaan masakan has anu populer ku sebutan masakan Padang, jeung dipikaresep di Indonesia ogé nepi ka mancanegara.[10]