Pakistan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Pakistan (Basa Urdu: اسلامی جمہوریۂ پاکستان), ngaran resmina Républik Islam Pakistan nyaéta nagara républik di Asia Kidul, nu mangrupa tempat papanggihna wewengkon Asia Kidul jeung Asia Tengah sarta Wétan Tengah.[2][3] Nagara ieu mibanda 1,046 kilométer gari basisir sapanjang Sagara Arabia di béh kidul, diwawatesan ku Afganistan jeung Iran di béh kulon, India di béh wétan sarta Tiongkok jauh di béh wétan kaléreunana.[4]
| |||||
Motto: Ittehad, Tanzim, Yaqeen-e-Muhkam (Urdu) "Kesatuan, Disiplin jeung Kayakinan" | |||||
Lagu: "Qaumi Tarana" | |||||
Ibukota | Islamabad 1) 33°40′N 73°10′E | ||||
Kota panggedéna | Karachi | ||||
Basa resmi | Urdu, Inggris, Arab | ||||
Pamaréntahan | Républik | ||||
- Présidén | Mamnoon Hussain | ||||
- Perdana Mentri | Mian Nawaz Sharif | ||||
Ngadeg | |||||
- Merdika | ti United Kingdom | ||||
- Didéklarasikeun | 14 Agustus 1947 | ||||
- Républik Islam | 23 Maret 1956 | ||||
Wewengkon | |||||
- Total | 803,9401 km² (ka-36) | ||||
310,4031 sq mi | |||||
- Cai (%) | 3.1 | ||||
Populasi | |||||
- Perkiraan taun 2007 | 156,770,000[1] (ka-6) | ||||
- Kapadetan | 206/km² (ka-53) 534/sq mi | ||||
GDP (PPP) | 2007 (éstimasi) | ||||
- Total | $475.6 miliar (ka-25) | ||||
- Perkapita | $3,004.5 (ka-128) | ||||
HDI (2006) | 0.539 (ka-134) – sedeng | ||||
Mata uang | Rupee (Rs.) (PKR ) | ||||
Wewengkon wanci | PST (UTC+5) | ||||
- Summer (DST) | teu ditalungtik (UTC+6) | ||||
Internét TLD | .pk | ||||
Kode telepon | +92 |
Pakistan mangrupa nagara pangpadetna kagenep di dunya sarta mangrupa nagara mayoritas Islam nu kadua pangpadetna. Wewengkonna mangrupa bagéan India Britania samemeh dibagi-bagi sarta mibanda sajarah pakampungan jeung peradaban nu panjang salila Peradaban Léngkob Indus. lolobana tina wewengkon nu aya kiwari beunang ku Pérsia jeung Yunani dina Milénium ka-1 SM sarta diatur ku maranéhannana salila sawatara abad. Keur sesa sajarahna, wewengkon ieu mangrupa bagéan tina karajaan India nu lega atawa di sahadapeun pupuhu lokal atawa regional. Nu datang jeung ngawasana satuluyna aya urang Arab, Afganistan, Turki, Baloch jeung Mongol. Wewengkon ieu asup kana India Britania dina abad ka-19. Tii saprak merdika, nagara ieu geus ngalaman dua périodeu tumuwuhna militer jeung ekonomi nu penting, sarta périodeu nu henteu stabil, ku ayana kaluarna Pakistan Wétan (kiwari Bangladésh).