Pamisahan India (Hindi-Urdu हिन्दुस्तान का बटवारा (Devanagari) تقسیم ہند (Nastaliq))[1] nyaéta pamisahan tina India Britania nu didasarkeun kana démografi agama. Pamisahan ieu ngarah kana dijieuna nagara daulat Dominion Pakistan (nu engkéna peupeus kana Républik Islam Pakistan jeung Républik Rahayat Bangladés) jeung Uni India. Undang-Undang Kamerdikaan India 1947 nangtukeun 15 Agustus 1947 salaku kaping awal pamisahan ieu. Tatapi, Pakistan geus aya sapoé saméméhna, 14 Agustus.

Thumb
Pamisahan India Britania didasarkeun kana agama mayoritas populasi, sacara umum digambarkeun dina peta taun 1909 ieu

Pamisahan ieu ngawengku ogé pamisahan Propinsi Benggala kana Benggala Wétan, nu jadi bagian tina Dominion Pakistan (saprak 1956: Pakistan Wétan), sarta Benggala Kulon, nu jadi bagian tina India. Pamisahan lianna saperti Propinsi Punjab dibagi kana Punjab Kulon (jagana Punjab Pakistan jeung Daézrah Husus Ibu Kota Islamabad) sarta Punjab Wétan (jagana Punjab India, ogé Haryana jeung Himachal Pradesh). Pasatujuan kana pamisahan ieu ngawengku ogé babagian asét-asét pamaréntahan India, saperti Angkatan Darat Indian Britania, Angkatan Laut Karajaan India, perkarétaapian India, badan kauangan, sarta lembaga administratif séjénna.

Tingali ogé

  • Pergerakan kamerdikaan India
  • Pergerakan Pakistan
  • Sajarah Bangladéd
  • Sajarah India
  • Sajarah Pakistan
  • Perang India-Pakistan 1947
  • India (disambiguasi)

Rujukan

Bacaan salajengna

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.