Pamisahan India
From Wikipedia, the free encyclopedia
Pamisahan India (Hindi-Urdu हिन्दुस्तान का बटवारा (Devanagari) تقسیم ہند (Nastaliq))[1] nyaéta pamisahan tina India Britania nu didasarkeun kana démografi agama. Pamisahan ieu ngarah kana dijieuna nagara daulat Dominion Pakistan (nu engkéna peupeus kana Républik Islam Pakistan jeung Républik Rahayat Bangladés) jeung Uni India. Undang-Undang Kamerdikaan India 1947 nangtukeun 15 Agustus 1947 salaku kaping awal pamisahan ieu. Tatapi, Pakistan geus aya sapoé saméméhna, 14 Agustus.
Pamisahan ieu ngawengku ogé pamisahan Propinsi Benggala kana Benggala Wétan, nu jadi bagian tina Dominion Pakistan (saprak 1956: Pakistan Wétan), sarta Benggala Kulon, nu jadi bagian tina India. Pamisahan lianna saperti Propinsi Punjab dibagi kana Punjab Kulon (jagana Punjab Pakistan jeung Daézrah Husus Ibu Kota Islamabad) sarta Punjab Wétan (jagana Punjab India, ogé Haryana jeung Himachal Pradesh). Pasatujuan kana pamisahan ieu ngawengku ogé babagian asét-asét pamaréntahan India, saperti Angkatan Darat Indian Britania, Angkatan Laut Karajaan India, perkarétaapian India, badan kauangan, sarta lembaga administratif séjénna.