India
From Wikipedia, the free encyclopedia
India(भारत), resmina Républik India, mangrupa salah sahiji nagara di Asia Kidul. India mangrupa nagara katujuh panggedéna numutkeun wewengkon géografis, kadua pangloba pangeusina, sarta nagara nu ngagem démokrasi liberal panglegana di dunya. India wawatesan jeung Pakistan, China, Bangladésh, Népal jeung Bhutan. Puseur nagarana nyaéta New Delhi. India miboga garis basisir leuwih ti tujuh rébu kilométer[1] and borders Pakistan[2] di béh kulon; Cina, Nepal, jeung Bhutan di béh wétan kalér; sarta Bangladésh jeung Myanmar di béh wétaneunnana. Di Samudra India, India wawatesan jeung nagara kapuloan Sri Lanka, Maladéwa jeung Indonésia.
Urang India mibanda perdaban sarta budaya anu lumangsung ti taun 3300 SM, India mangrupa bagéan ti peradaban Lembah Sungai Indus kalawan mekarkeun budaya wewengkonna ngaliwatan paniagaan sarta dirojong ku barter bahan tatanén.[3] Salila mangtaun-taun, nagara ieu jadi puseur ruteu penting, puseur mekarkeun budaya sarta tempat ngadegna karajaan-karajaan anu gedé. Agama Hindu, Sikh, Buddha jeung Jainis mangrupa agama asli ti India, sedengkeun Islam jeung Kristen datang ngaliwatan paniagaan sarta ku kaayaan budaya anu geus mekar saméméh ayana invasi ti nagara asing. Sanajan lamun diitung invasi asing nepi ka 4000 taun, tapi budaya India jeung sosial kamasarakatanna teu bisa diruntagkeun, nu hadé ti nagara asing bakal dipiceun atawa bisa di serep gumantung kabudayaan bangsa India, komponén sosial masarakat angger lengkep jeung moal bisa dirobah. Kalawan turunna pamor Karajaan Mughal, sababaraha nagara Eropa kungsi nyoba nyieun puseur atawa pos paniagaan di India. Tahta Inggris, dina mangsa sababaraha abad saeutik-sautik geus nyoba pikeun ngahijikeun karajaan-karajaan di India kalawan ku maksud pikeun ngajajah India. Tapi saméméh bisa nyokot sagala rupa kauntungan ti kolonialisme, rahayat India kalawan kaayaan séké sélér anu rupa-rupa bisa ngahiji dina hiji gerakan anu kuat pikeun réformsi sosial jeung nyieun sistem pamaréntahana sorangan sarta ngulang deui kajayaan Karajaan India mangsa baheula. Hasilna, India jadi hiji nagara modérn di taun 1947. Rahayat India, satwa liar, géografisna jeung sistem iklim India mangrupa anu pangragemna saalam dunya, jeung India modérn ayeuna bisa disebut bakal jadi nagara adidaya di mangsa ka hareupna.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
भारत गणराज्य Bhārat Gaṇarājya Républik India |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto "Satyameva Jayate" (Sangsakerta) Devanāgarī: सत्यमेव जयते (IPA: [sət̪jəmeːʋə ʤəjət̪eː]) ("Truth Alone Triumphs") |
||||||
Lagu "Jana Gana Mana listen (pitulung·info)" /ʤənə gəɳə mənə/ |
||||||
Ibu kota | New Delhi 28°34′N 77°12′E | |||||
Kota panggedéna | Mumbai | |||||
Basa resmi | Hindi, Sangsakerta, Inggris, Assamese, Bengali, Bodo, Dogri, Gujarati, Kannada, Kashmiri, Konkani, Malayalam, Maithili, Manipuri, Marathi, Nepali, Oriya, Punjabi, Santali, Sindhi, Tamil, Telugu and Urdu | |||||
Pamaréntah | Républik Féderal | |||||
- | Présidén | Ram Nath Kovind | ||||
- | Perdana Mentri | Narendra Modi | ||||
Ngadeg | 3300 SM Peradaban Léngkob Indus 321 SM Kaisar Ashoka Kakaisaran Maurya | |||||
- | Nagara-Nagara bagian | 15 Agustus 1947 | ||||
- | Republik | 26 Januari 1950 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 3,287,590 km² (ka-7) 1,269,346 mil² |
||||
- | Cai (%) | 9.56 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2016 | 1,324,171,354 (ka-2) | ||||
- | Sénsus 2011 | 1,210,854,977 | ||||
- | Kapadetan | 394 /km² (ka-31) 1,022 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
- | Total | $3.633 trillion (ka-4) | ||||
- | Per kapita | $3,344 (ka-122) | ||||
HDI (2003) | 0.602 (sedeng) (ka-127) | |||||
Mata uang | Rupee (Rs.)1 (INR ) |
|||||
Zona wanci | IST (UTC+5:30) | |||||
- | Usum panas (DST) | teu ditalungtik (UTC+5:30) | ||||
TLD Internét | .in | |||||
Kode telepon | +91 | |||||
1 Re. tunggal, Rs. jamak |
- Keur sajarah sarta kagunaan séjén ngeunaan India, tempo India (disambiguasi).