Budaya
From Wikipedia, the free encyclopedia
Budaya asalna tina basa Sansekerta nyaéta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun minangka hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.[1] Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kecap Latin “Colere’, nyaéta ngolah atawa ngerjakeun.[1] Bisa dihartikeun ogé minangka ngolah taneuh atawa tatanén. Kecap culture ogé bisa dihartikeun minangka “kultur” dina basa Indonesia.[2] Ku kituna, kabudayaan mangrupa rupaning aturan, pituduh, rarancang, jeung stratégi nu ngawengku modél-modél kognitif nu dipiboga ku manusa jeung digunakeun sacara selektif dina nyanghareupan lingkunganna.[2] Hiji kabudayaan mangrupa pangaboga babarengan dina masarakat atawa golongan sosial nu sumebar ka anggota-anggotanna.[2] Kabudayaan diwariskeun ka generasi saterusna ngaliwatan prosés diajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ucap boh henteu (kaasup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).[2] Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung prosés dihajar jeung lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.[2]