Indonésia
nagara di Asia Tenggara jeung Oséania / From Wikipedia, the free encyclopedia
Républik Indonésia (RI) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara, nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo,[6][7] ku kituna disebut ogé Nusantara ("pulo luar", Jawa dianggap salaku puseurna).[8] Kalawan populasi disawang 270 yuta jiwa dina taun 2020,[9] Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam. Wangun pamaréntahan Indonésia nyaéta républik, kalawan Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, jeung Présidén nu dipilih langsung ku rahayatna. Puseur dayeuh nagara Indonésia nyaéta Jakarta. Indonésia boga wates wewengkon jeung Malaysia di Pulo Kalimantan, Papua Nugini di Pulo Papua, sarta Timor Lésté di Pulo Timor. Indonésia mangrupa anggota PBB sarta sahiji-hijina anggota PBB nu kungsi kaluar ti organisasi éta. Salian éta, Indonésia ogé anggota ti ASEAN, APEC, OSI jeung G-20.
Republik Indonesia Républik Indonésia |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
Motto Bhinneka Tunggal Ika (Bébéda tapi tetep hiji) |
||||||
Lagu Indonesia Raya |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Jakarta 6°10.5′S 106°49.7′E | |||||
Basa resmi | Basa Indonésia (bahasa nagara[1]) |
|||||
Pamaréntah | Républik présidénsial | |||||
- | Présidén | Joko Widodo | ||||
- | Wakil Présidén | Jusuf Kalla | ||||
Kamerdikaan | ti Walanda | |||||
- | Proklamasi | 17 Agustus 1945 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 1.904.569 km² (15) 735.358 mil² |
||||
- | Cai (%) | 4,85% | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 19 Juni 2020 | 270.203.917[2] (4) | ||||
- | Sénsus 2020 | 270.203.917[3] | ||||
- | Kapadetan | 123,76 /km² (ka-84) 323,05 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | Rp 10,706 triliun (AS$ 1,121 miliar)[4] |
||||
- | Per kapita | Rp 44,885 yuta (AS$ $4.700)[4] |
||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | Rp 4,821 triliun (AS$ 846 miliar)[4] (17) |
||||
- | Per kapita | Rp 36,261 yuta (AS$ 3.797)[4] (110) |
||||
HDI (2006) | 0,734[5] (médium) (111) | |||||
Mata uang | Rupiah (Rp) (IDR ) |
|||||
Zona wanci | WIB (+7) WITA (+8) WIT (+9) |
|||||
TLD Internét | .id | |||||
Kode telepon | +62 | |||||