From Wikipedia, the free encyclopedia
Népal, ngaran resimna nyaéta Républik Démokrasi Féderal Népal (barétona Karajaan Népal) (Basa Nepal: नेपाल) nyaéta nagara nu kakepung ku Himalaya di Asia kidul. Nagara ieu diwatesan ku Républik Rahayat Tiongkok (Tibét) di béh kalér[1] jeung India (Bihar, Sikkim, Uttar Pradesh, Uttarakhand) di béh kidul, wétan jeung kuloneunnana.
Motto: जननी जन्मभूमिष्च स्वर्गादपि गरीयसी (Sanskrit) "Ibu jeung ibu pertiwi leuwih terhormat tibatan sawarga" | |
Lagu: Sayaun Thunga Phulka "Made of Hundreds of Flowers" | |
Ibukota | Kathmandu (येँ) |
Kota panggedéna | ibu kota |
Basa resmi | Népali |
Pamaréntahan | Féderal parleméntér Républik |
- Présidén | Bidhya Devi Bhandari (विद्यादेवी भuण्डारी) |
- Wakil Présidén | Nanda Kishor Pun (नन्दबहादुर पुन) |
- Perdan Mentri | Sher Bahadur Deuba (शेरबहादुर देउवा) |
Unifikasi | 21 Désémber 1768 |
Wewengkon | |
- Total | 147,181 km² (ka-93) |
56,827 sq mi | |
- Cai (%) | 2.8 |
Populasi | |
- Perkiraan taun Juli 2005 | 27,133,000 (ka-40) |
- Sénsus taun 2002 | 23,151,423 |
- Kapadetan | 184/km² (ka-56) 477/sq mi |
GDP (PPP) | 2005 (éstimasi) |
- Total | $41.6 billion (ka-87) |
- Perkapita | $1,675 (ka-153) |
HDI (2003) | 0.526 (ka-136) – sedeng |
Mata uang | Rupee (NRs. ) |
Wewengkon wanci | NPT (UTC+5:45) |
- Summer (DST) | teu aya panalungtikan (UTC+5:45) |
Internét TLD | .np .नेपाल |
Kode telepon | +977 |
Nagara Népal dijieun ngaliwatan Paguyuban Népal dina tanggal 21 Désémber 1768. Prithvi Narayan Shah jadi raja nu munggaran. Népal merdéka ti Inggris tanggal 21 Désémber 1923. Saméméhna, ieu nagara anu perenahna di Himalaya téh miboga status protéktorat sabada diéléhkeun ku Inggris dina perang taun 1815. Dina taun 1990, Népal ngarobah sistem pamaréntahanna jadi monarki konstitusional. Nepi ka taun 2006 Népal téh mangrupa hiji-hijina karajaan Hindu di dunya. Dina taun 2006 parlemén Népal nétélakeun yén Népal dirobah jadi nagara sékulér. Dina tanggal 28 Méi 2008, Népal nganganti sistem pamaréntahanna tina karajaan anu geus dipaké salila 250 taun jadi républik, nu matak sacara resmi ngaran “Karajaan Népal” robah jadi “Républik Népal"
Minangka wewengkon leutik, kaayaan alam Népal kacida bédana, ti mimiti Terai nu lembab di béh kidul nepikeun ka Himalaya nu luhur di béh kalér. Dalapan tina sapuluh pagunungan pangluhurna di dunya aya di Népal, kaasup Gunung Everest. Nagara ieu kasohor keur wisata, tréking, hiking, kémping, naék gunung, taman kahirupan liar nasional, safari leuweung, rarakitan di walungan, olahraga nguseup, sarta loba candi jeung tempat ibadah nu aréndah.
Kathmandu mangrupa ibu kota sarta kota panggedéna. Kota utama lianna nyaéta Dharan, Thimi, Pokhara, Biratnagar, Lalitpur ( Patan), Bhaktapur, Birendranagar, Bharatpur, Nepal, Siddhartanagar (Bhairahawa), Birganj (Birgunj), Butwal, Janakpur, Nepalganj (Nepalgunj), Hetauda, Damak, Dhangadhi, jeung Mahendranagar.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.