![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/f/f3/Bamboo_forest.jpg/640px-Bamboo_forest.jpg&w=640&q=50)
Awi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Awi mangrupa hiji kelompok tutuwuhan héjo kaian taunan dina kulawarga Poaceae, subfamily Bambusoideae, tribe Bambuséae.[1] Di antarana aya nu ngaraksasa, jadi anggota kulawarga jukut nu pangbadagna.[2]
Informasi leuwih jero Klasifikasi ilmiah, Karageman ...
Awi | ||||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
![]() Leuweung awi | ||||||||||||||||
Klasifikasi ilmiah | ||||||||||||||||
| ||||||||||||||||
Karageman | ||||||||||||||||
Sakitar 91 genera jeung 1,000 species | ||||||||||||||||
Subtribe | ||||||||||||||||
Baca lengkepna Taksonomi Bambuseae. |
Tutup
Awi hirup di rupa-rupa iklim, ti wewengkon pagunungan nu tiris nepi ka wewengkon tropis nu panas, ti Asia Kalér-ngétan (50° Lintang Kalér di Sakhalin), ka kidul di Asia Wétan, ka kulon di Himalaya, sarta nepi ka Australia ti kalér nepi ka kidul. Awi ogé aya di Afrika sub-Sahara, sarta di Amérika ti tenggara AS ka kidul di Cile, pangkidulna nepi ka 47° Lintang Kidul. Wewengkon nu euweuh awian (aslina) nyaéta Éropa, Afrika Kalér, Asia Kulon, Amérika Kalér, jeung Antartika.