Batik
From Wikipedia, the free encyclopedia
Batik nyaéta salah sahiji produk budaya bangsa Indonesia [1]. Batik mangrupa gambar rupa-rupa nu dijieun ku malam maké canting dina boéh atawa lawon [2]. Aya karémbong batik, samping batik, sarung batik, taplak batik, jeung réa deui [2]. Dina kamekaranana, batik ngalaman parobahan corak, téknik, jeung prosés fungsi alatan jaman jeung pangaruh ti budaya séjénna. Batik diwangun ku dasar artistik nu mekar, luyu jeung tungtutan jaman [1]. Karajinan batik mindeng diturunkeun dina kulawarga ti generasi ka generasi.[3] Patalina jeung identitas budaya rahayat Indonésia sarta ngaliwatan harti simbolik ti kelir sarta désain, ngébréhkeun kréativitas sarta spiritualitas.[3]
Karageman wangun ragam hias pohara dipangaruhan ku faktor adat istiadat anu béda situasi, kondisi, sarta senimanna[1]. Tapi kabutuhuan kana ragam hias kamotivasi ku kabutuhan artistik[1]. Ku lantaran, salah sahiji ciri manusa Indonésia nyaéta artistik.[1] Daya artistik anu kuat kaungkab dina sagala rupa ciptaan artistik sarta karajinan anu pohara éndah.[1]
Konsép artistik tredisi seni rupa Indonésia nyaéta pangwujudan tina ajén-ajén integral minangka adumanis tina dualisme anu silih ngalengkepan, "konsép dwitunggal".[1] Ku lantaran éta, seni rupa tradisional Indonésia loba kaungkab dina wangun ragam hias anu boga sipat dékoratif, simbolik, sarta dinamis.[1]
Ragam hias nyaéta bagian anu teu bisa dipisahkeun ti ciri tékstil Indonésia.[1] Ragam hias ogé ngagambarkeun ayana béda suku bangsa, wewengkon, sarta dusun.[1] Ku kituna, bangsa Indonésia mibanda kabinékaan ragam tekstil. Ieu bisa ngagambarkeun kabeungharan budaya bangsa Indonésia.[1]