Seni rupa
From Wikipedia, the free encyclopedia
Seni rupa nyaéta cabang seni anu ngabentuk karya seni anu maké média anu bisa katingali tur dirampa. Kesan ieu diciptakeun kalayan ngolah konsép garis, bidang, bentuk, volume, warna, tekstur, jeung pencahayaan kalayan acuan éstétika. Seni rupa cabang seni anu ngawangun karya seni ku média, anu bisa katingali jeung bisa dirasakeun. Ieu kesan diciptekun ku cara ngolah konsép titik, garis, bidang, bentuk, volume, warna, tékstur jeung cahaya kalayan acuanana éstétika. Unsur seni rupa kasebut disususn nepi ka jadi hiji pola anu tangtu. Bentuk karya seni rupa mangrupa sakabéh unsur rupa anu kasusun dina hiji struktur atawa komposisi anu miboga harti. Unsur-unsur rupa kasebut lain ngan saukur kumpulan atawa akumulasi bagéan anu teu boga harti, tapi dijieun saluyu jeung prinsip anu tangtu. Ma’na dina bentuk karya seni rupa teu ditangtukeun ku loba atawa saeutikna unsur rupa anu ngawangunna, tapi tina sifat struktur éta sorangan. Ku kituna, kualitas tina hiji karya leuwih penting tibatan jumlah bagéanana. Basa rupa kasebut sabagé media komunikasi pikeun diaprésiasi ku penikmat seni atawa aprésiator. Nurutkeun Jakob Sumardjo[1], seni rupa téh hiji wanda atawa artefak anu bisa ditingali,didengé atawa bisa ditingali bari didengé (visual audio- audio visual). Lian ti éta, seni rupa ogé disebut élmu anu nalungtik ngeunaan kaéndahan, nyaéta sacara téori jeung praktékna.[2].
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/a/a2/Rattan_chair.jpg/640px-Rattan_chair.jpg)