Saum

From Wikipedia, the free encyclopedia

Saum

Saom atawa Saum (Basa Arab: صوم) nyaéta kecap Basa Arab keur puasa nu diatur ku hukum Islam. Patukang tonggong jeung kapercayaan (non-Islam), ibadahna keur Muslim henteu diwatesan ku bulan suci Islam Ramadan wungkul. Dina bulan Romadon mah saum téh mangrupa salasiji tina Rukun Islam.[1]

Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
Solat Saum
Zakat Haji
Kota Penting
Mekah Madinah
Yerusalem Kufah
Kajadian
Hijrah Kalénder Islam Idul Fitri
Idul Adha Maulid
Wangunan
Masjid Munara
Mihrob Ka'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'an Hadits Sunnah
Fiqih Fatwa Syari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Etimologi

Kecap saom diturunkeun tina Basa Siriak sawmo. [1]

Sacara literal, saom hartina 'pantrang'. Dina istilah hukum Islam, Saom hartina 'dipantrang tina dahar, nginum jeung sapatemon [2]

Basa séjén

Keur lolobana Muslim, Basa Arab lain mangrupa basa kahiji, ku kituna, Muslim di tempat éta maké kecap séjén keur nyebutkeun Saum gumantung kana perenah jeung basana. Contona, Muslim di Apganistan, India, Iran, Bangladés, jeung Pakistan maké kecap rozah nu asalna tina Basa Pérsia. Di Turki, Saom disebut oruç, sedengkeun dina komunitas Malayu di Malaysia, dipaké kecap puasa, nu asalna tina Basa Sangsakerta, upvaasa. Puasa dipaké ogé di Indonésia jeung Sunda.

Definisi

Muslim dipantrang pikeun dahar, nginum, ngaroko, sarta sapatemon ti mimiti medalna fajar (Subuh) nepi ka surupna panonpoé (Magrib). Puasa téh hakékatna dimaksudkeun pikeun maluruh deukeutna urang ka Gusti Alloh sarta nambahan katakwaan ka Mantenna. salah sahiji tujuan tina puasa ogé nyaéta keur ngarasakeun kumaha rasana jalma nu henteu untung nu henteu salawasna mibanda dahareun jeung inuman nu nyampak. Ogé, urang téh kudu ngajauhan gegelendeng sarta mikir pikiran-pikiran nu datangna ti sétan. Puasa ogé bisa ditingali minangka hiji jalan keur ngadalikeun hawa napsu (lapar, halabhab, sahwat, amarah) sarta leuwih museurkeun kana kataatan ka Pangéran.

Kondisi puasa

Niat (Niyyah)

Sangkan sah puasana, dina mangsa munggaran arek ngalakukeun saom, kudu dipiheulaan ku niat (niyyah); hal ieu bisa dianggep minangka ngawangun hiji sumpah.

Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.

Wanci nu dipantrang pikeun puasa

Sanajan puasa téh mangrupa ibadah nu hadé dina Islam, aya sababaraha wanci nu dipantrang puasa keur urang, di antarana:

  • 'Idul Adha
  • 'Idul Fitri
  • Poé Tasrék (tanggal 11, 12 jeung 13 dina bulan Dzulhijjah).
  • Puasa teu beunang dina poé Jumaah lian ti bulan Romadon, kajaba lamun dihijikeun jeung poé saméméhna atawa sangeusna.

Puasa dina Qur'an

  • يٰأَيُّهَا ٱلَّذِينَ آمَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

'Héy jalma-jalma nu ariman, geus diwajibkeun puasa ka aranjeun sakumaha diwajibkeunnana keur jalma-jalma saméméh anjeun, sangkan anjeun tarakwa.' [Surat Al Baqoroh, 183]

Tempo ogé

Rujukan

Tumbu luar

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.