Inuman ilaharna nujul kana sagala rupa cairan nu diteleg. Kecap ieu kadang-kadang dipaké keur harti nu leuwih heureut, keur inuman nu ngandung alkohol.

Thumb
jus buah

Jenis cai inuman

Cai herang

Ilaharna manusa ngonsumsi cai herang nu bérésih, herang jeung steril minangka inuman utama keur dikonsumsi, tur ieu téh kacida hadéna keur kasehatan. Cara-cara nyeterilkeun cai di antarana:

  • Ozonisasi, nyaéta ngolah cai maké ozon nu ilahar dilakukeun di pausahaan cai inuman dina kemasan nu skalana gedé
  • maké sinar ultra violét sakumaha nu dipaké dina depot cai inuman eusi ulang
  • Ditaheur, ilaharna di rumah tangga-rumah tangga di Indonésia

Cai warnaan

Thumb
Jus jeruk
Thumb
Inuman nu dikarbonasi
Thumb
Sacangkir kopi

Lian ti cai herang, inuman ogé loba rupana, boh keur acara resmi, istirahat, atawa acara santey di imah. Unggal wewengkon mibanda inuman has sewang-sewangan. Inuman nu ilahar disuguhkeun di antarana:

  • Susu
  • Jus
  • Anggur (wine)
  • Vodka
  • Inuman tina kopi
    • Cappuccino
    • Kopi
    • Espresso
    • Frappé
    • Kopi nu dirasaan (moka jsb.)
    • És kopi
    • Latte
  • Coklat
  • Cider
  • Glühwein
  • Inuman tina entéh
    • Entéh rasaan (chai jsb.)
    • Téh héjo
    • És téh
    • Téh
    • Téh hérbal

Inuman has Indonésia

Inuman tradisional Sunda

  • Bajigur: nyaéta inuman anu rasana amis, dijieunna tina cipati dicampuran gula kawung jeung cangkaléng, diseungitan ku daun pandan, nyieunna digodogkeun.
  • Bandrék: inuman nu rasana amis lada, dijieunna tina cai dicampuran gula kawung jeung jahé, nyieunna digodogkeun.
  • Céndol: kadaharan sabangsa dawet, dijieunna tina aci kawung, jsté, digéréntél-géréntél, didaharna maké peueut dicipatian
  • Cingcaw: kadaharan jiga ager héjo nu dijieun tina daun camcauh, didaharna maké sirop.
  • Goyobod: sabangsa kadaharan tina tipung atawa aci jeung ager, didaharna jeung alpuket maké sirop diésan.
  • Lahang: cai amis tina leungeun kawung, kalapa jeung sabangsa palem lianna, sok diinum, atawa dijieun gula.
  • Sakoteng: ngaran sarupa kadaharan tina aci sampeu sina pasagi sarta dipulas jiga siki dalima, ditinyuh ku gula jeung cipati panas ditambahan ku roti meunang ngeureutan sagedé-gedé dadu.
  • Sirop: cai gula kentel dicampuran sari bungbuahan jsté., nu beunang dililakeun, diinumna ditambahan cai és jsté.
  • Téh tubruk: inuman anu dijieun tina cai dicampur entéh, dina nyieunna entéh ditinyuh ku cai panas ngagolak, dicampur ku gula bodas.

Tumbu luar

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.