Kariaan 1 Syawwal sanggeus saum/puasa bulan Ramadan From Wikipedia, the free encyclopedia
Page Modul:Infobox/styles.css has no content.
Idul Fitri | |
---|---|
Ngaran resmi | Eid, Eid ul-Fitr Arab: عيد الفطر |
Ngaran lian | Lebaran, Boboran Siam |
Dirayakeun ku | Umat Muslim |
Jenis | Hari libur agama |
Ma'na | Tandaning mungkasna bulan Romadan, bulan puasa |
Parayaan | Ibadah, silaturahmi, mudik |
Kagiatan | Silat Id |
Tanggal | 1 Syawal |
Patali jeung | Romadon nu lumangsung lilana 29-30 poé sanggeus surup panonpoé di poé pangungtung. |
Idul Fitri (Basa Arab: عيد الفطر ʻĪd al-Fiṭr, IPA: [ʕiːd al fitˤr])[1] leuwih dipikawanoh ku istilah lebaran atawa boboran nyaéta poé raya kaagamaan umat Islam anu nandakeun yén bulan Romadon atawa bulan puasa geus lekasan. Idul Fitri ragrag dina tanggal 1 Syawal dina pananggalan Hijriyah anu mana umat Islam teu meunang puasa dina ieu poé téh. Poénan lebaran Idul Fitri ditangtukeun ku cara noong hilal sahingga ragragna 1 Syawal di saban tempat tangtu moal bareng. Lian ti kitu, ku sabab loba cara hisab jeung ru'yat téh nyumebabkeun varéatifna panangtuan tanggal 1 Syawal di unggal tempat.[2]
Dina tanggal 1 Syawal, umat Islam ngariung isuk-isuk sarta milampah solat id bajamaah di masigit, ku sabab lobana jamaah sahingga teu kawadahan di masigit antukna mah dipilampah di taneuh lapang malah nepi ka jalan sagala. Umumna umat Islam di Indonésia ngajadikeun poé Idul Fitri minangka poé raya utama, tradisi pikeun ngariung balik babarengan kulawarga anu disebut mudik.[3]
Umat Muslim percaya yén puasa di bulan Romadon mangrupa paréntah langsung ti gusti Allah, sakumaha anu disebut dina Al-Quran, pikeun ngalakonan puasa Romadon sabulan campleng,[4] sarta di akhir milampah solat id jeung mayar zakat fitrah.
Ibadah Idul Fitri dicontoan ku Kangjeng nabi Muhammad SAW. Ieu perkara dititénan ti poé munggaran bulan Syawal atawa poé pamungkas bulan Romadon, nu mana lalampahan puasa umat Islam rék lekasan.[5]
Ceuk sakaol mah, ieu poé raya téh dimimitian di Madinah satutasna Kangjeng Nabi hijrah ti Mekah ka Madinah. Anas (RA) ngalaporkeun: Nalika Kangjeng Nabi dugi di Madinah, anjeunna mendakkan jalma-jalma nuju ngarayakeun dua dinten tinangtu nu mana aréta jalma téh biasa ngahibur diri ku rékréasi sarta kagumbiraan. Anjeunna tumaros ka aréta jalma ngeunaan watek ti ieu parayaan nu tuluy diwaler ku maranéhna téh yén ieu poé raya téh mangrupa kasempetan nu pikasenangeun sarta rékréasi. Ti harita, Kangjeng Nabi cumarios yén Gusti Allah parantos netepkeun dua dinten parayaan tinimbangan ieu pikeun aranjeun anu leuwih hadé batan ieu: Idul Fitri sareng Idul Adha.[6]
Zakat fitrah saenyana mah bisa dipilampah ti saprak tangtu tanggal bulan Romadon, ngan kalolobaana mah sok di serentekkeun ka poé motong, malah mah nikakeun saméméh solat id. Dalah waktu nu pangafdolna pikeun zakat fitrah téh nya nu tadi téa, saanggeus solat subuh nepi ka saméméh solat id.[7] Zakat fitrah diwajibkeun ka sakumna umat islam ti mimiti orok nepi ka kolot rémpo, iwal ka para mustahiq zakat.[7] Zakat fitrah sifatna individual lantaran ieu mah zakat badan seja ngabersihan awak, sahingga nu dipaké pikeun zakat téh mangrupa kadaharan pokok urang sorangan, saupama di Sunda kiwari mah nyaéta mangrupa béas, ari lobana nyaéta sakulak atawa sarua jeung 3,5 léter.
Takbir mimiti ditanjeurkeun sanggeus tangtu ragragna tanggal 1 Syawal.[8] Takbiran pas idul fitri dimimitian ti samet magrib maleman tanggal 1 syawal nepi ka réngséna solat id. hal ieu dumasar kana dalil Al-Qur'an[9]
“…geura anjeun jejegkeun wilanganana (puasa) sarta geura anjeun agung-agungkeun asma Allah (takbiran) kalawan pituduh-Na anu (tas) ditepikeun ka anjeun.” (Qs. Al Baqoroh: 185)
Ieu ayat ngadadarkeun yén nalika jalma geus réngsé milampah ibadah puasa di bulan Romadon mangka disaréatkeun pikeun ngagungkeun asma Allah ku cara takbiran[9].
Ibn Abi Syaibah ngariwayatkeun yén Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam kaluar bumi angkat ka lapangan tuluy anjeunna takbiran nepi ka dugi di lapangan. Anjeunna tumetep takbir dugi ka réngsé solat. Saatos ngaréngsékeun solat, anjeunna mungkasan takbir. (HR. Ibn Abi Syaibah dina Al Mushannaf 5621)
Tina hadits di luhur cindekna mah ieu takbiran idul fitri téh mangrupa ibadah nu bisa dipilampah di mana baé sarta iraha baé. Hartina teu kudu ulukutek takbiran di masigit waé. Kacida dianjurkeunana pikeun ngalobakeun takbir nalika leumpang ka lapangan. Lantaran ieu mangrupa kabiasaan Kangjeng Nabi jeung para sohabat. Ari lafad babacaan takbir dina poénan lebaran nyaéta saperti di handap ieu:
Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar | الله أكبر الله أكبر الله أكبر |
la ilaha illa Alloh | لا إله إلا الله |
Allahu akbar, Allahu akbar | الله أكبر الله أكبر |
wa li-illahi al-hamd | ولله الحمد |
Babacaan takbir antara Idul Fitri jeung Idul Adha sarua kawas nu di luhur, ngan aya nu ngabédakeunna nyaéta waktu lumangsung takbiranana. Idul Fitri takbiranna kawilang sakeudeung nyaéta ti mimiti ditangtukeunna tanggal 1 Syawal biasana ti surup panon poé dina ahir tanggal bulan Romadon, nepi ka réngsé solat id di isuk poéna, paling lila gé nika soré méméh tanggal kadua.[10] Ari takbiran di lebaran Idul Adha éta kawilang lila, lantaran waktuna ti mimiti tanggal 10 bulan Rayagung nepi ka solat asar tanggal 13 Rayagung (poé tasrék).[10]
Hukum shalat id sunat muakad, saprak disaréatkeun ti taun kadua hijriyah, Kangjeng Rosul teu pernah ninggalkeunana tug dugi ka tilardunyana, satuluyna mah ieu gelaran ibadah téh diteruskeun ku para sohabatna.[11] Ieu solat id téh umum baé siga solat-solat séjénna, nu ngabédakeunana mah nyaéta takbir, babacaan jeung waktuna. Waktu solat id di poé Idul Fitri ti mimiti moncorongna panonpoé nepi ka asup waktu lohor.[11] Solat id dipilampah sacara bajaamaah sarta aya khutbah sanggeusna solat téh. Solat id dimimitian ku niat mun diucapkeun mah saperti kieu
أُصَلِّي رَكْعَتَيْنِ سُنَّةً لعِيْدِ اْلفِطْرِ (مَأْمُوْمًا\إِمَامًا) لِلهِ تَعَــــالَى
Prakték ibadah solat id boh Idul Fitri boh Idul Adha saéstuna teu pati béda, ngan aya sawatara hal anu ngabédakeun nyaéta waktu lumangsung solat sarta sisiapan saméméh solat. Demi solat Idul Adha dianjurkeun supaya diawalwaktukeun, tujuanna pikeun méré lolongkrang waktu nu laluasa ka masarakat nu mana sanggeus solat téh tangtu loba nu rék kalurban.[11] Sedengkeun demi solat Idul Fitri mah disunatkeunna supaya diperalkeun waktu mulaina. Ieu téh dimaksudkeun pikeun méré kasempetan jang jalma nu aracan zakat fitrah.[11] Lian ti waktu lumangsung solat, nu ngabédakeun deui téh nyaéta sisiapan solat, nu mana Kangjeng Rasul téh nyontoan supaya mumuluk heula saprakna rék indit solat Idul Fitri, sok sanajan kur ngadahar sababaraha guruntul korma.[10] Sedengkeun mun rék solat Idul Adha mah Kangjeng Rosul teu mumuluk heula.
Salah sahiji ibadah anu dianjurkeun saprak bérés lebaran Idul Fitri nyaéta puasa genep poé di bulan Syawal atawa disebut nyawalan. Nyawalan dipilampah sanggeus poénan lebaran Idul Fitri, ulah pas poénan lebaranna lantaran dina pas poénan Idul Fitrina mah teu meunangkeun ku Kangjeng Rosul.[12] Demi waktu puasana nu paling afdol nya sacara ngaruntut ti tanggal 2 Syawal nika tanggal 7. Tapi teu jadi patokan, bisa ogé selang seling, sarta bisa ogé di tengah atawa di ahir bulan Syawal. Saupama boga qodoaneun mah, mangka nu diutamakeun nyaéta puasa qodo heula, kakara mun réngsé ngodoan dituluykeun kana puasa nyawalan.[12]
Silaturahmi dina poénan Idul Fitri geus jadi kabiasaan umat Islam, biasana samulangna solat id langsung silih pénta hampura ka papada kulawarga ogé ka tatangga boh deukeut boh jauhna. Utamana mah ka kolot indung bapa sarta kulawarga deukeut nu sagulung-sagalang. Mangrupa ibadah hablumminannas, lantaran ti sataun saméméh lebaran jeung papada jalma bisi aya salah nu teu karasa, di poé éta jadi momen pikeun silih ngihlaskeun kasalahan-kasalahanna séwang-séwangan. Lantaran ari perkara hablumminallah na mah anggeus ditarékahan dina sabulan saméméhna, nyaéta dina bulan Romadon ku cara puasa nahan lapar, halabhab jeung nafsuna. Saupama jalma tara silaturahmi sumawona ménta hampura, mangka jalma kitu ngalelebar ganjaran ibadahna, lantaran moal ditampa ku Gusti Allah sagala amal-amalanana.[13]
Di mana urang silaturahmi sok diucapkeun dua Minal 'Aidin wal-Faizin, nu sabenerna ieu téh tradisi masyarakat Asia Ngétan-ngidul. Mungguh lolobana ulama ngamandanan yén éta ucap-ucapan téh lain dumasar kana uucapan ti Kangjeng Nabi Muhammad. Ieu ucapan téh mulana mah ti saurang panyair di mangsa Al-Andalus, nu ngaranna Shafiyuddin Al-Huli, nalika manéhna mawakeun sair nu kontéksna nyaritakeun haleuang awéwé di poé raya.[14] Anapon uucapan nu disunahkeun mah nyaéta Taqabbalallahu minna wa minkum ("Mugia Allah nampi amal kami jeung aranjeun") atawa Taqabbalallahu minna waminkum wa ahalahullahu ‘alaik ("Mugia Allah nampi (amalan) ti kami jeung ti anjeun sakumna jeung muga Allah nyampurnakeunna ka anjeun" jeung samisilna.”).[15][16][17][18]
Dina poénan remen jalma nu kawilang mampuh babagi ka barudak leutik utamana mah ka nu kurang mampuh atawa ka yatim. Ari babagina biasana mah mangrupa duit. Jalma-jalma nu rék babagi sodakoh ngahaja ngadatangan ka bank pikeun nukeuran duitna kana duit nu alanyar. Sangkan barudak nu dibaréré duit téh aratoheun lantaran meunang duit anyar nu hareuras tur rarengkeng kénéh. Hukum babagi duit kieu aya nu nyebut teu meunang saupamana niat babagi duit téh ngan saukur hayang némbongkeun yén urang téh beunghar.[19] Tapi diheugbaékeun saupamana babagi téh niatna enggoning sodakoh ka jalma-jalma nu teu mampuh. Aya ogé nu babagi téh ngan ka dulur-dulur deukeutna hungkul, anu kieu kautamaanna teu siga nu sodakoh kanu teu mampuh atawa yatim.[19]
THR (dibaca: té-ha-ér) mangrupa singgetan tina basa Indonésia nyaéta Tunjangan Hari Raya. Unggal taun ieu THR kacida dianti-antina ku para karyawan atawa ku para langganan balanja. Nu méré THR aya ti pausahaan ka para karyawanna, aya ti para padagang ka para langgananna jeung saterusna ti éta. Ieu THR téh loba rupana, kumadaékna nu méré wéh, aya nu mangrupa bahan-bahan piolaheun, aya ogé nu mangrupa duit, aya ogé nu mangrupa kadaharan nu jaradi. Namung THR anu diatur ku pamaréntah mah nyaéta THR mangrupa duit, nu lumakuna pikeun PNS, TNI, pajabat Nagara jeung Pénsiunan.[20] Taun 2019 mah diatur ku Palaturan Pamaréntah Nomer 36 Taun 2019 ngeunaan Paméréan THR Pikeun PNS, TNI, Polri, Pajabat Nagara, jeung Pénsiunan.[20]
Saupama bulan Romadon geus tompér, tradisi mudik tangtuna lumaku di puseur dayeuh. Kagiatan mudik téh baralikna para pangumbara/pagawé migran ka lemburna séwang-séwangan. Mudik geus jadi tradisi saupamana geus deukeut ka poénan lebaran, salah sahijina nyaéta lebaran Idul Fitri. Sacara harfiah istilah mudik téh asalna tina kecap udik nu hartina méh sarua jeung girang, lantaran kalolobaanana nu daratang ka Batawi mangsa awal téh ti belahan Bogor, jadi nyebut ka Batawi téh ku istilah hilir, sarta nyebut lemburna ku istilah udik. Kecap udik dirarangkénan pi- jeung N- (nasal) jadi piudik tuluy jadi miudik. Saterusna ieu kecap dipaké ku sakumna pangumbara di Batawi pikeun nyebut istilah balik ka lemburna sorangan, sangkan bijil ogé istilah milir-mudik (mihilir-miudik).
Dina ieu kasempetan mudik para pangumbara anu baralik ngarumpul di imah kolotna, nepungan indung bapa, dulur deukeut, dulur salembur, malah nepungan babaturan nu lawas arang panggih. Intina mah pikeun silih hampura sarta manjangnkeun tali silaturahmi. Transportasi anu dipaké nalika mudik téh kiwari réa jinisna ayanu maké pasawat terbang, karéta api, kapal laut, beus, jeung kandaraan pribadi kayaning mobil jeung sapédah motor, malah mah aya nu maké treuk. Tradisi mudik kieu teu ngan di Indonésia wungkul, nagara séjén ogé aya nu mikawanoh kagiatan nu modél kieu kawas nagara Bangladés.
Poé motong téh mun ceuk ayeuna mah disebut H-1 lebaran atawa sapoé saméméh lebaran. Dina ieu poé masarakat muslim tatahar kaolahan jang bawaeun munjungan/nganteuran atawa jang suguhkeuneun engké dina poé lebaranana. Poé motong éstu dipaké jang olah wéh, ogé mun kaburu mah dipaké jang untar-anteur rantang munjungan ka dulur-dulur. Sanggeus poé motong, peutingna tangtu asup kana maleman takbiran.
Munjungan atawa nganteuran mangrupa tradisi untar-anteur kaolahan jang lebaran ka sadérék nu dareukeut ogé nu jarauhna. Munjungan biasana lumangsung dina poé motong atawa H-1 lebaran. Saanggeusna olah kadaharan dina poénan motong, kaolahanna téh dihancenganan pikeun bagikeuneun ka dulur-dulur téa. Ari wawadahan jang ngabagikeunna biasana maké rantang, dianteurkeun ka imah-imahna langsung sarta sok dipulang deui eusi rantangna ku kaolahan nu dianteuranana.[21] Tradisi kieu masih ramé dilakonan di suklak-sikluk pilemburan, da ari di wewengkon nu geus rada kota mah geus arang langka nu masih munjungan atawa nganteuran téh. Jalma paburisat jangjang-jingjing rantang ka ditu-ka dieu, eusi rantangna loba rupana, aya sangu, semur daging, rendang daging, bihun atawa emih, sambel goréng kentang, dééng, tumis buncis jeung sajabana.[21]
Parabot bedug jadi ciri mandiri nu dipimilik ku umat Islam di Tatar Sunda, umumna di Tatar Nusantara, lantaran di nagara-nagara mayoritas Islam séjén mah (kocapkeun Wétan Tengah) teu miboga ieu parabot. Nalika surup panon poé nu satuluyna asup kana tanggal 1 Syawal, di masigit mimiti réang sora takbiran nu ngahandaru ti unggal sapéker masigit. Éta sora takbiran anu ngahandaru téh diigelan ku sora tabeuhan bedug, nu leuwih dipikawanoh ku istilah ngadulag. Tradisi ngadulag kieu téh geus jadi tradisi taunan dina poénan lebaran, utamana mah dina maleman takbiranana.[22] Ilaharna mah ngadulag téh lumansung di lingkungan masigit, ngan kiwari mah aya ogé nu ngadulag sarta takbiran téh nguriling ka jalan-jalan.[22] Meureun ku alatan gampangna transportasi kayaning mobil toring, treuk, sarta sapédah motor pikeun ngajalanana.
Ngadulag dilakonan dina maleman takbiran sapeuting jeput, minangkana mah pangreuah-reuah pikeun ngigelan anu talakbiran. Ari anu ditabeuhna lain ngan bedug hungkul, aya kohkolna sarta sagala alat nu kirana bisa ngasilkeun sora nu ngawirahma saupamana ditabeuh bareng jeung bedug.
Teu budak teu kolot, heuleut sawatara poé méméh poénan lebaran téh biasana geus pada riweuh mikiran baju anyar jang lebaran. Ieu tradisi téh geus ngulit ngadaging, hartina lebaran teu bisa disebut lebaran lamun can boga baju anyar mah. Ieu lumaku pikeun sawatara jalma, da ari jalma nu ngarti kana bag-bagan agama mah teu pati mentingkeun teuing kana pasualan baju mah, sok sanajan tina ieu tradisi baju anyar lebaran téh ngandung siloka. Siloka anu dimaksud nandakeun yén dina poé Idul Fitri téh sakur jalma muslim geus diberesihkeun kabéh kaasup awakna ku dizakatfitrahan, kitu ogé pakéanna nu sarwa anyar téa.
Ieu tradisi baju anyar téh geus lumangsung ti taun 1950-an.[23] Manahoréng ieu tradisi baju anyar nalika lebaran téh geus aya dina buku Sajarah Nasional Indonésia yasana Marwati Djoened Poesponegoro jeung Nugroho Notosusanto.[23] Kacaturkeun yén ieu tradisi mimitina mah aya di wewengkon kasultanan Banten, nu satuluyna sumebar ka Tatar Sunda, saterusna sa-Nusantara. Geus teu bireuk deui yén Kasultanan Banten kasohor ku wawasan ka-Islamanna dina mangsa harita.[23] Maksud awalna mah pikeun ngareuah-reuah poénan lebaran, sakumna warga masarakat nyiar baju alanyar. Ngan sacara umum ieu tradisi jadi kontrovérsi, lantaran ku ieu tradisi téh leuwih saeutik mangpaatna, utamana mun ngarandapan ka jalma nu kawilang kurang mampuh. Ngan mangsa harita diakalanna téh ku cara ngajait sorangan,[23] mantak di unggal imah sok baroga mesin jait sorangan.
Kupat geus jadi susuguh has di poénan lebaran. Ieu kupat dijieun tina bahan utama béas nu dibungkus ku pamungkus nu dijieun tina anyaman daun kalapa ngora (janur). Kupat disayagakeun dina poénan lebaran minangka batur dahar opor atawa kaolahan daging lianna. Aya dua jinis kupat, aya nu wangunna juru tujuh (pangilaharna) sarta jajaran génjang nu juru genep. Galur anyaman séwang-séwangan béda, mun upamana rék nyieun kupat kudu dipilah-pilah janur nu kualitas daunna hadé, nya nu panjang jeung rubak, teu pati kolot ogé teu pati ngora.
Ieu kupat geus jadi kadaharan wajib pikeun lebaran, sabab kurang afdol mun di masing-masing imah teu euweuh kupat nu disuguhkeun téh. Malah mah ieu kupat téh geus jadi ikon has poénan lebaran di Nusantara, mun dina sagala gambar-gambar nu ngeunaan lebaran téh tangtuna nu digambarkeunana téh nyaéta gambar kupat téa. Di wewengkon saluareun Nusantara kawasna mah teu mikawanoh ieu kaolahan kupat.
Bahan pikeun nyieun ulén nyaéta tina béas ketan. Ieu béas ketan digigihan tuluy ditutuan nikakeun lemes. Saupama geus lemes, tuluy dibentuk wangun lonyod ipis, saterusna mah dipoé sangkan garing jadi teu cepel. Di sawaréh wewengkon nyebutna ulén, aya ogé nu nyebutna oli. Nu pasti ieu kadaharan téh geus kawilang wajib aya mangsa deukeut ka poénan lebaran mah. Ieu ulén biasana didaharan bareng jeung deungeun séjénna, kayaning rendang, semur, opor, sambel goréng kentang jeung mun geus rada lila mah sok dicocol kana bebeyé atawa beleketek.
Semur mangrupa kadaharan has Sunda mun geus asup ka lebaran. Dijieunna tina bahan utama daging sapi, samarana maro ku kécap nikakeun warnana jadi hideung. Lian ti semur aya ogé rendang, nu sarua tina bahan utama daging sapi samarana maro ku cabé sahingga jadi lada. Aya ogé kaolahan has Batawi nyaéta opor, maro cai santenna ari opor mah, didaharna bareng jeung kupat téa. Opor mah bahan dasarna dijieun tina daging hayam lain daging sapi. Lian ti éta, aya ogé di poénan lebaran téh anu nyaté.
Poénan lebaran tangtu di unggal imah téh loba ku kuéhna, boh kuéh nu beunang nyieun sorangan atawa kadaharan beunang meuli. Kuéh lebaran nu sok nyieun sorangan biasana kayaning siki katapang, bidara, dodol, rangginang, ranggining, dapros, opak, nastar, putri salju jsté.
Saupama kaolahan daging geus 2 ka 3 poéna téh teu béak biasana teterusan dihaneutkeun, tah ieu kaolahan daging jeung batur-baturna nu dihaneutkeun téh sok nyirorot cai kuahna. Geus kitu mah jadi ngaley, tapi ngeunah kénéh jang dahareun mah. Nu kieu disebut bebeyé atawa beleketek, nu tuluy ieu bebeyé téh dipaké jang cocol ulén atawa cocol kupat. Malah mah sok dihijikeun kaolahan daging jeung bihun atawa emih téh ngahaneutkeunana barengan. Atuh nikakeun hideungna éta nu beunang ngahaneutkeun téh, najan kitu teu weléh wé raresep nyocolanana.
Dina pananggalan Hijriyah, nangtukeun poé Idul Fitri téh tangtuna bakal akur dina unggal taunna, ngan mun disurupkeun kana kalénder Masehi bakal moal akur, nu nyumebabkeun unggal taunna téh di Maséhi mah poénan lebaran téh béda-béda. Dina kalénder Islam, ganti bulan téh ditangtukeun dumasar kana faseu bulan (kalénder candra), nu mantak ayana sistem ru'yat téa. Ku sabab kitu, poénan Idul Fitri téh sok robah-robah unggal taunna di kalénder Maséhi mah, nyaéta kurang leuwih robah 11 poé leuwih anggal ti unggal taunna.
Di handap mangrupa runtuyan poénan Idul Fitri dina kalénder Maséhi ti taun 1928-2026:
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.