16 Désémber

From Wikipedia, the free encyclopedia

16 Désémber nyaéta poé ka-350 dina sataun (ka-351 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 15 poé.

1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
293031  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1431Perang Saratus Taun: Henry VI ti Inggris diistrénan minangka Raja Perancis di Katedral Notre Dame di Paris.
  • 1598Perang Tujuh Taun: Patempuran Noryang: Patempuran pamungkas antara koalisi China jeung Koréa ngalawan angkatan laut Jepang, ngahasilkeun kameunangan penting pikeun pasukan koalisi.
  • 1653Interregnum (mangsa panyelang kakawasaan) di Inggris: Mangsa Protektorat: Oliver Cromwell jadi Lord Protector (pamingpin républik) pikeun nagara-nagara pasamakmuran Inggris, Skotlandia jeung Irlandia.
  • 1761 – Perang Tujuh Taun (di Éropa): sabada opat bulan pangepungan, Rusia dina pingpinan Pyotr Rumyantsev ngarebut bénténg Prusia, Koobrzeg.
  • 1880Perang Boer Kahiji pejah antara Républik Afrika Kidul Boer ngalawan Karajaan Inggris.
  • 1920 – Lini Haiyuan 8,5Mw, ngendag-ngendag Propinsi Gansu di Cina, nelasan kurang leuwih 200.000 jalma.
  • 1922 – Présidén Polandia Gabriel Narutowicz ditelasan ku Eligiusz Niewiadomski di Galeri Zachęta di Warsawa.
  • 1944Perang Dunia II: Patempuran Bulge dimimitian ku serangan dadakan tilu pasukan Jérman ka Leuweung Ardennes di Luksemburg.
  • 1947 – William Shockley, John Bardeen jeung Walter Brattain ngajieun transistor titik kontak praktis nu munggaran.
  • 1960 – Pasawat Douglas DC-8 United Airlines jeung pasawat TWA Lockheed Super Constellation tabrakan di saluhureun Pulo Staten, New York, sarta tuluy murag, nelasan sakabéh 128 jalma dina jero dua kapal éta sarta genep séjénna di darat.
  • 1971 – Perang Pangbébasan Bangladesh jeung Perang India Pakistan 1971: Ngareureuhan témbakanna Pakistan nungtun kana réngséna dua-duana pacéngkadan éta. Hal ieu dipiéling unggal taun minangka Poé Kameunangan di Bangladesh sarta minangka Vijay Diwas di India.
  • 1971 – Karajaan Inggris ngaku kana kamerdékaan Bahrain, nu unggal taun dipiéling minangka Poé Nasional Bahrain.
  • 1985 – Paul Castellano jeung Thomas Bilotti ditémbak mati kalayan paréntah John Gotti, nu diangkeuh minangka pamingpin kulawarga kajahatan Gambino di New York.
  • 1989 – Hakim Pangadilan Banding AS, Robert Smith Vance dipaténi ku hiji bom kiriman pos nu dikirim ku Walter Leroy Moody, Jr.
  • 1991Kazakhstan nyatakeun merdéka ti Uni Soviét.
  • 2013 – Hiji beus murag ti jalan layang di Manila, Philipina, nelasan saheunteuna 18 jalma sarta nyideraan 20 urang.
  • 2014 – Milisi Tehrik-i-Taliban Pakistan nyerang hiji Sakola Umum Tentara di Peshawar, Pakistan, nelasan 145 jalma, lolobana budak sakola.

Nu babar

  • 1770Ludwig van Beethoven, komposer Jérman (td. 1827)
  • 1836Ernst von Bergmann, ahli bedah Jérman-Latvia (td. 1907)
  • 1946Benny Andersson, musisi Swédia (ABBA)
  • 1949Billy Gibbons, musisi Amérika (ZZ Top)
  • 1963Benjamin Bratt, aktor Amérika
  • 1966Dennis Wise, pamaén bola Inggris
  • 1967Donovan Bailey, sprinter Kanada
  • 1977Sylvain Distin, pamaén bola Perancis
  • 1981Krysten Ritter, artis Amérika
  • 1984Theo James, aktor Inggris
  • 1986Park Seo Joon, aktor Koréa
  • 1987Hallee Hirsh,artis Amérika
  • 1988Mats Hummels, pamaén bola Jérman
  • 1997Zara Larsson, panyanyi Swédia

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.