8 Désémber
From Wikipedia, the free encyclopedia
8 Désémber nyaéta poé ka-342 dina sataun (ka-343 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 23 poé.
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||
|
Kajadian
- 1504 – Ahmad bin Abi Jum'ah nuliskeun fatwa Oran, nyorakeun perluna pangendoran hukum Islam pikeun umat Islam di Spanyol nu dipaksa parindah agama.
- 1845 – Karl Ludwig Hencke manggihan astéroid 5 Astraea.
- 1922 – Irlandia Kalér teu jadi bagén ti Nagara Irlandia Merdéka deui.
- 1938 – Graf Zeppelin dipesatkeun.
- 1941 – Perang Dunia II: Pasukan Jepang sacara simultan nyerang Shanghai, Malaysia, Thailand, Hongkong, Philipina jeung Hinda Walanda.
- 1943 – Perang Dunia II: Divisi ka-117 Jäger Jérman (pasukan infanteri) ngancurkeun biara Mega Spilaio di Yunani sarta nelasan 22 wiku jeung para panganjang minangka bagéan wawales nu dialatankeun ku Pangbantéan Kalavryta sababaraha poé saméméhna.
- 1955 – Bandera Éropa diadopsi ku Déwan Éropa.
- 1962 – Révolusi Brunéi bitu dipingpin ku Yassin Affandi jeung pangbarontak basanjatana.
- 1963 – Pasawat Pan Am 214, Boeing 707, kabéntar gelap sarta murag di deukeut Elkton, Maryland, nelasan sakabéh 81 jalma di jero kapal.
- 1966 – Kapal laut Yunani SS Heraklion tilelep dina hiji badéy di Laut Aegea, nelasan leuwih ti 200 jalma.
- 1969 – Pasawat Olympic Airways 954 neunggar gunung di saluareun Keratea, Yunani, nelasan 90 jalma dina naon nu disebut pangparah-parahna kacilakaan pasawat Douglas DC-6 dina sajarah.
- 1972 – Pasawat United Airlines 553, Boeing 737, murag sabada ngabatalkeun usaha ngadaratna di Bandara Internasional Chicago Midway, nelasan 45 jalma. Hal ieu mangrupa muragna Boeing 737 nu munggaran.
- 1976 - Pamugaran Candi Cangkuang réngsé sarta tuluy diresmikeun.
- 1980 – Mark Chapman némbak John Lennon, salah saurang anggota The Beatles, di luar apartemén Dakota di New York City.
- 1985 – The South Asian Association for Regional Cooperation (SAARC), organisasi antar-pamaréntah régional sarta sarikat géopolitik di Asia Kidul, diadegkeun.
- 1987 – Perang Tiis: Pasini Kakuatan Nuklir Jarak Nengah ditanda tangan ku Prèsidén AS Ronald Reagan jeung pamingpin Soviét Mikhail Gorbachev di Gedong Putih.
- 1987 – Hiji ténk pangangkut angkatan basanjata Israél maéhan opat urang pangungsi Palestina jeung nyideraan tujuh séjénna dina hiji kacilakaan lalar liwat di Parapatan Erez di wates Jalur Gaza Israél, hal ieu dianggap nyeungeut Gerakan Intifada Kahiji.
- 1991 – Pangawasa Rusia, Ukraina jeung Bélarus ngabubarkeun Uni Soviét sarta ngadegkeun Pasamakmuran Nagara-Nagara Merdéka.
- 2004 – Déklarasi Cusco ditéken di Cusco, Péru, ngadegkeun Komunitas Bangsa-Bangsa Amérika Kidul.
- 2009 – Pangeboman di Baghdad, Irak, nelasan 127 jalma jeung nyideraan 448 lianna.
- 2013 – Kakacoan lumangsung di Singapur sabada kacilakaan patal di Little India.
- 2013 – Metallica midang di Antartika, mangrupa band munggaran nu kungsi midang di tujuh benua.
Nu babar
- 1931 – Bob Arum, promotor tinju AS
- 1936 – David Carradine, aktor Amérika (td. 2009)
- 1941 – Geoff Hurst, pamaén bola Inggris
- 1943 – Jim Morrison, musisi Amérika (The Doors) (td. 1971)
- 1953 – Kim Basinger, artis Amérika
- 1957 – Phil Collen, gitaris Inggris (Def Leppard)
- 1960 – Aaron Allston, pangarang Amérika (td. 2014)
- 1962 – Marty Friedman, gitaris Amérika (Megadeth)
- 1964 – Teri Hatcher, artis Amérika
- 1966 – Sinéad O'Connor, panyanyi Irlandia
- 1973 – Corey Taylor, musisi Amérika (Slipknot)
- 1978 – Ian Somerhalder, aktor Amérika
- 1982 – Chrisette Michele, panyani R&B Amérika
- 1982 – Nicki Minaj, Tpanyanyi Amérika
- 1985 – Dwight Howard, pamaén baskét Amérika
- 1986 – Amir Khan, tukang boksén Inggris
- 1992 – Yui Yokoyama, panyangi, artis Jepang
- 1993 – AnnaSophia Robb, artis Amérika
- 1994 – Conseslus Kipruto, atlét lumpat Kénya
- 1994 – Raheem Sterling, pamaén bola Inggris
Nu pupus
- 1933 - Yamamoto Gonnohyōe, Perdana Mentri Jepang ka-18 jeung 22.
- 1980 – John Lennon, musisi Inggris (l. 1940)
Poé peré / poé panginget-nginget
Tumbu luar
![]() |
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.