13 Januari
From Wikipedia, the free encyclopedia
13 Januari nyaéta poé ka-13 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 352 poé (353 dina taun kabisat).
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||
|
Kajadian
- 1797 – Perang Révolusi Perancis: Perang laut antara kapal perang Perancis ngalawan dua frigate Inggris di leupas Basisir Brittany, réngsé ku dilelepkeunna kapal Perancis, ngabalukarkeun korban jiwa leuwih ti 900 urang.
- 1815 – Perang 1812: Pasukan Inggris ngarebut Darmaga Peter di St. Marys, Georgia, hiji-hijina patempuran nu lumangsung di nagara bagéan ieu.
- 1840 – Kapal uap Lexington kahuruan jeung tilelep opat mil di leupas Basisir Long Island, korban jiwa 139 urang.
- 1842 – Dr. William Brydon, saurang asistén tukang bedah ti Pasukan India Wétan Inggris wanci Perang Inggris - Afghanistan, jadi kawentar alatan jadi ngan saurang-urangna nu salamet ti 4.500 tentara sarta 12.000 pangiring kémah, nalika harita manéhna nepi ka panyalindungan garnisun di Jalalabad, Afghanistan.
- 1847 – Pasini Cahuenga ngaréngsékeun Perang Méksiko - Amérika di California.
- 1888 – National Geographic Society diadegkeun di Washington, D.C.
- 1895 – Perang Itali - Éthiopia Kahiji: patempuran bubuka, Patempuran Coatit, dimeunangkeun ku Italia.
- 1898 – Artikel Émile Zola, J'accuse…! ngébréhkeun skandal Dreyfus.
- 1908 – Kahuruan Gedong Opera di Boyertown, Pennsylvania nelasan 171 jalma.
- 1910 – Siaran radio umum munggaran lumangsung; pidangan langsung tina opera Cavlleria Rusticana jeung Pagliacci disiarkeun ngaliwatan galura jomantara ti Gedong Opera Metropolitan New York.
- 1915 – Lindu 6,7 Mw Avezzano ngendag-ngendag Propinsi L'Aquila di Italia ku inténsitas Mercalli maksimum XI (Ekstrim), nelasan puluhan rébu jalma.
- 1942 – Henry Ford maténkeun mobil pelastik nu 30% leuwih énténg batan mobil biasa.
- 1942 – Perang Dunia II: Mimiti dipakéna jok pecleung ku saurang pilot panyoba Jérman dina pasawat jét tempur Heinkel He 280.
- 1950 – Kapal selam Inggris HMS Truculent tubrukan jeung hiji kapal minyak di Muara Thames, nelasan 64 jalma.
- 1951 – Perang Indochina Kahiji: Patempuran Vĩnh Yên dimimitian antara Perancis jeung Viétnam.
- 1958 – Tentara Pangbébasan Maroko nyerang patroli Spanyol dina Patempuran Edchera.
- 1963 – Kudéta di Togo ngabalukarkeun maotna Présidén Sylvanus Olympio.
- 1964 – Kakacoan Anti-Muslim lumangsung di Kalkuta, ngaalatankeun maotna 100 jalma.
- 1972 – PM Kofi Abrefa Busia jeung Présidén Edward Akufo-Addo ti Ghana disingkirkeun dina hiji kudéta militer teu badarah ku Kolonél Ignatius Kutu Acheampong.
- 1982 – Saharita sabada ngapung, pasawat jét Air Florida 90, Boeing 737, nabrak Jalan Jambatan ka-14 di Washington, D.C. sarta murag ka Leuwi Potomac, nelasan 78 jalma, kaasup opat pamaké motor.
- 1985 – Hiji karéta panumpang tikecemplung ka hiji ranca di Éthiopia, nelasan 428 jalma, minangka panggoréng-goréngna kacilakaan karéta di Afrika.
- 1986 – Pecéngkadan salila sabulan lumangsung di Adén, Yaman Kidul, antara pangrojong Ali Nasir Muhammad jeung Abdul Fattah Ismail, ngakibatkeun korban jiwa rébuan jalma.
- 1988 – Lee Teng Hui jadi urang Taiwan pituin nu munggaran ngajabat minangka Présidén Républik China.
- 1990 – Douglas Wilder jadi urang Amérika Afrika munggaran nu kapilih jadi gupernur, manéhna ngajabat minangka Gupernur Virginia.
- 1991 – Pasukan Uni Soviét nyerang para pangrojong kamerdékaan Lithuania di Vilnius, nelasan 14 jalma jeung nyideraan 1.000 lianna.
- 1993 – Konvénsi Sanjata Kimia (singk. Inggris, CWC) ditaréken.
- 1998 – Alfredo Ormando ngaduruk manéh di Alun-Alun St. Peter, dina raraga protés kana homophobia.
- 2001 – Lini narajang Él Salvador, nelasan leuwih ti 800 jalma.
- 2012 – Kapal laut pangjalajah Costa Concordia tilelep di leupas basisir Italia alatan kaléléwodéhan jeung teu tanggung jawabna kaptén kapal Fransesco Schettion. Tilu puluh dua jalma kabéjakeun palastra.
Nu babar
- 1857 - Jan Laurens Andries Brandes, Filolog, koléktor barang purbakala, ahli kabudayaan Nusantara ti Walanda.
- 1976 – Michael Péna, aktor Amérika
- 1977 – Orlando Bloom, aktor inggis
- 1990 – Liam Hemsworth, aktor Australia
Nu pupus
- 1864 – Stephen Foster, komposer Amérika (b. 1826)
- 1929 – Wyatt Earp, shérif Amérika (b. 1848)
Poé peré / poé panginget-nginget
Tumbu luar
![]() |
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.