Daérah Operasi I Jakarta
From Wikipedia, the free encyclopedia
Daérah Operasi I Jakarta atawa Daop 1 Jakarta atawa Daop I JAK (Aksara Sunda Baku: ᮓᮆᮛᮂ ᮇᮕᮨᮛᮞᮤ ᮱ ᮏᮊᮁᮒ) nyaéta Daérah Operasi PT Kereta Api Indonesia anu ngawengku wilayah DKI Jakarta, Banten, jeung Jawa Kulon bagian kulon.[1] Daop ieu mangrupa hiji-hijina daérah operasi anu ngaoperasikeun KRL.[1]
PT Kereta Api Indonesia (Persero) Daérah Operasi I Jakarta | |
---|---|
![]() Daérah Operasi I Jakarta | |
Kantor Daop/Divre | |
Provinsi | DKI Jakarta |
Kota | Jakarta Pusat |
Kacamatan | Ménténg |
Kalurahan | Cikini |
Alamat | Jalan Cikini Raya |
Kode pos | 10330 |
Informasi séjén | |
Singgetan Daop/Divre | JAK |
Stasion pangluhurna | 1. +584 m (Cisaat) 2. +583 m (Sukabumi) |
Layanan | Tingali di handap |
Karakteristik jalur | Lalobana lintas datar |
Wates kacepatan tertinggi nu diijinkeun | 70 s.d. 90 km/jam |
Karéta anu dioperasikeun ku daop 1 Jakarta
Karéta panumpang anu dioperasikeun ku Daop I Jakarta dina GAPEKA 2019, nyaéta:[1]
- Karéta api Argo Wilis
- Karéta api Mutiara Selatan
- Karéta api Anjasmoro
- Karéta api Bima
- Karéta api Jayabaya
- Karéta api Jayakarta
- Karéta api Pangrango
- Karéta api Siliwangi
- Karéta api Lokal Merak
- Karéta api Walahar Éksprés
- Karéta api Jatiluhur Éksprés
- Karéta api Tegal Éksprés
- Karéta Éksprés Bandara Internasional Soekarno-Hatta
Karéta anu dioperasikeun ku daop séjén
Karéta api anu ngalayanan daop 1 Jakarta tapi dioperasikeun ku daop séjén antara lain:[1]
Daérah Operasi II Bandung
- Karéta api Argo Parahyangan
- Karéta api Pangandaran
- Karéta api Harina (ngan nepi Cikampék pikeun ganti arah lokomotip ka Surabaya/Bandung)
Daérah Operasi III Cirebon
Daérah Operasi IV Semarang
- Karéta api Argo Muria
- Karéta api Argo Sindoro
- Karéta api Tawang Jaya
- Karéta api Menoréh
- Karéta api Ciremai (ngan nepi Cikampék pikeun pindah posisi lokomotip ka arah Semarang/Bandung)
Daérah Operasi V Purwokerto
Daérah Operasi VI Yogyakarta
Daérah Operasi VII Madiun
Daérah Operasi VIII Surabaya
Béngkél jeung sarana perawatan
Balai Yasa Manggarai
Balai yasa ieu husus dipaké pikeun perawatan karéta api panumpang kelas éksekutip jeung KRL.[2] Baheula balai yasa ieu diwangun ku Staatsspoorwegen taun 1920 anu ngaranna Hoofd-Werkplatsen te Manggarai.[2] Di dieu kabéh karéta éksekutip jeung KRL anu dirawat bakal ngaliwatan pemeliharaan ahir (PA), semiperawatan akhir (SPA), PA bogie, perbaikan ahir lengkep (PAL), jeung perbaikan (PB).[1][2]
Dipo lokomotip Jatinegara
Dipo ieu dipaké pikeun nyimpen lokomotip, di antarana CC201, CC203, jeung CC206 pikeun operasional KA di pulo Jawa.[1]
Subdipo Lokomotip Tanah Abang
Sakompleks dengan stasion Tanah Abang. Dipo ini dipaké pikeun nyimpen lokomotip, di antarana CC201, CC203, jeung CC206.[1]
Subdipo Lokomotip Rangkasbitung
Dipo ieu dipaké pikeun perawatan karéta api anu ngaahiri ruteuna di Stasion Rangkasbitung, antara lain Karéta api Langsam jeung Karéta api Rangkas Jaya.[1]
Dipo KRL Bukit Duri, Dépok jeung Bogor
Dipo ini saukur dipaké pikeun tempat panyimpanan, perbaikan, jeung perawatan KRL anu beroperasi di lintas Jabodetabék.[1]
Dipo Jakarta Kota
Sakompleks jeung stasion Jakarta Kota, dipo ini dipaké pikeun nyimpen rangkéan karéta milik Daop I Jakarta.[1]
Jalur karéta api
Jalur-jalur anu aya di daop 1 Jakarta antara lain:[1]
- Jalur karéta api Manggarai-Padalarang (jeung Daérah Operasi II Bandung)
- Jalur karéta api Manggarai-Jatinegara
- Jalur karéta api Citayam-Nambo
- Jalur karéta api Jakarta Kota-Manggarai
- Jalur karéta api Tanahabang-Manggarai
- Jalur karéta api Rajawali-Cikampék
- Jalur karéta api Duri-Tanahabang
- Jalur karéta api Tanahabang-Merak
- Jalur karéta api Kampung Bandan-Duri
- Jalur karéta api Tangerang-Duri
- Jalur karéta api Ancol-Rajawali
- Jalur karéta api Parung Panjang-Citayam (rencana)
- Jalur karéta api Nambo-Cikarang (rencana)
- Jalur karéta api Cikarang-Tanjung Priok Baru (rencana)
Tingali ogé
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.