Jalur karéta api Jakarta Kota-Manggarai
From Wikipedia, the free encyclopedia
Jalur karéta api Jakarta Kota-Manggarai (Aksara Sunda Baku: ᮏᮜᮥᮁ ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮏᮊᮁᮒ ᮊᮧᮒ-ᮙᮀᮌᮛᮄ) nyaéta jalur karéta api anu matalikeun Stasion Jakarta Kota jeung Stasion Manggarai. Ieu jalur téh geus mangrupa jalur layang ti taun 1990-an. Jalur ieu geus diéléktrifikasi jeung geus mangrupa double track. Jadi, sakabéh stasion anu aya di jalur ieu geus di luhur taneuh.

Jalur karéta api Jakarta Kota-Manggarai kaasup jalur anu padet diliwatan ku KA jarak jauh jeung KRL. Sahenteuna, aya 2 ruteu KRL anu ngaliwatan ieu jalur, nyaéta Blue Line jurusan Jakarta Kota-Bekasi/Cikarang jeung Red Line jurusan Jakarta Kota-Bogor/Dépok.
Rencanana, di taun 2021, Stasion Manggarai bakal dijadikeun stasion séntral pikeun KA jarak jauh, KRL, jeung KA bandara. Sacara otomatis, lakon Stasion Gambir bakal digantikeun ku Manggarai. Jadi, KA jarak jauh engké moal ngaliwat jalur ieu deui.[1]
Jalur nu kahubung
Jalur ieu ngahubungkeun babaraha jalur lian, di antarana:
- Jalur karéta api Manggarai-Jatinegara
- Jalur karéta api Tanahabang-Manggarai
- Jalur karéta api Manggarai-Padalarang
- Jalur karéta api Jakarta Kota-Tanjung Priuk
Daptar stasion jeung halteu[2]
Kanyahoan:
- Stasion gedé (kelas badag tipeu A/B/C) ditulis kandel.
- Stasion manengah (kelas I/II) ditulis kandel-déngdék.
- Stasion/halteu leutik (kelas III) ditulis biasa.
- Stasion/halteu nu geus teu aktip ditulis déngdék
Jakarta Kota-Gambir
- Stasion Jakarta Kota (JAKK)
- Stasion Jayakarta (JAY)
- Stasion Mangga Besar (MGB)
- Stasion Sawah Besar (SW)
- Stasion Juanda (JUA)
- Stasion Gambir (GMR)
Gambir-Manggarai
- Stasion Gambir (GMR)
- Stasion Gondangdia (GDD)
- Stasion Cikini (CKI)
- Stasion Manggarai (MRI)
Ruteu KRL anu ngalayanan jalur ieu
Ieu mangrupa ruteu KA Commuter Jabodetabek anu ngalayanan jalur ieu.
- Blue Line, (Bekasi Branch) jurusan Bekasi–Jakarta Kota (liwat Manggarai)
- Blue Line, (Cikarang Branch) jurusan Cikarang–Jakarta Kota (liwat Manggarai)
- Red Line (Bogor Branch) jurusan Bogor–Jakarta Kota
- Red Line (Dépok Branch) jurusan Dépok–Jakarta Kota
Tingali ogé
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.