Karéta api Mutiara Selatan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Karéta api Mutiara Selatan (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮙᮥᮒᮤᮃᮛ ᮞᮨᮜᮒᮔ᮪) nyaéta karéta api kelas campuran éksekutip-ekonomi AC prémium nu ngahubungkeun Bandung-Surabaya Gubeng liwat Tasikmalaya-Kroya jeung sabalikna.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 1 Jakarta.[1] Asalna, karéta ieu mawa campuran kelas éksekutip jeung bisnis, tapi ti taun 1999 rangkéan KA Mutiara Selatan diganti jadi kelas bisnis kabéh, kelas éksekutip na dipindahkeun kana rangkéan Karéta api Turangga nu ngalayanan ruteu nu sarua.[1]

Mutiara Selatan | |
![]() | |
---|---|
KA Mutiara Selatan ngaliwat ex JPL 52 Cipinang nuju ka stasion Jatinegara | |
Informasi | |
Sistem | Karéta api antar kota |
Status | Beroperasi |
Lokal | Daop |
Stasion terminus | Stasion Bandung Stasion Surabaya Gubeng |
Jumlah stasion | 26 |
Operasi | |
Dibuka | 1980-an (Éksekutip jeung Bisnis) 1999 (Bisnis) 28 Séptémber 2016 (Ékonomi 2016 New image) Oktober 2016 (Bisnis) Maret 2017 (Éksekutip jeung Bisnis) 01 April 2019 (Ganti Kelas Éksékutip jeung Ékonomi AC Prémium) 1 Désémber 2019 (KA Mutiara Selatan diperpanjang nepi ka Gambir) |
Dipiboga ku | PT KAI |
Operator | Daérah Operasi VIII Surabaya |
Karakter | lintas pagunungan |
Lokomotip | CC206 |
Data téhnis | |
Lébar sepur | 1.067 mm |
Gancangna operasional | 60 s.d. 100 km/jam |
Titik pangluhurna | +848 (Nagrég) |
Tanggal 28 Séptémber 2016, KA Mutiara Selatan genti rangkéan jadi KA Ékonomi AC new image 2016, sarta ruteuna dipanjangan nepi ka Malang, ngan kusabab jarak antar korsina anu dianggap heurin teuing pikeun KA jarak jauh, rangkéan éta ngan dipaké kira-kira dua minggu, tuluy ditarik deui. KA Mutiara Selatan maké rangkéan bisnis deui. Bulan Maret 2017, KA Mutiara Selatan ganti kelas jadi kelas campuran éksekutip-bisnis. Ti tanggal 1 April 2019, Karéta ieu geus maké rangkéan anyar tina Stainless Steel jieunan PT. INKA Madiun sarta ganti kelas jadi Éksekutip-Ékonomi AC Prémium. Ti tanggal 1 Désémber 2019, lalampahan KA Mutiara Selatan dipanjangan nepi ka Stasion Gambir, ku sabab PT KAI geus ngarilis GAPEKA 2019.[2] Karéta ieu kungsi jadi KA panumpang panglilana nyaéta kurang leuwih 20 jam ngéléhkeun lalampahanna KA Wijayakusuma. Tuluy ti tanggal 1 Séptémber 2020 ruteu ieu karéta dipondokan deui jadi Bandung-Surabaya Gubeng percis saperti jaman baheula nalika mimiti dioperasikeun.[3]
Stasion nu dilayanan
- Stasion Bandung
- Stasion Kiaracondong
- Stasion Cipeundeuy
- Stasion Tasikmalaya
- Stasion Ciamis
- Stasion Banjar
- Stasion Maos
- Stasion Kroya
- Stasion Gombong
- Stasion Kebumén
- Stasion Karanganyar
- Stasion Kutoarjo
- Stasion Yogyakarta
- Stasion Solo Balapan
- Stasion Nganjuk
- Stasion Madiun
- Stasion Jombang
- Stasion Mojokerto
- Stasion Surabaya Gubeng[4]
Spésifikasi karéta
Ti tanggal 1 April 2019, KA Mutiara Selatan geus ngagunakeun karéta éksekutip jeung ékonomi AC prémium stainless steel jieunan PT INKA Madiun.
Ti tanggal 1 Désémber 2019, rangkéan KA Mutiara Selatan geus dimutasi ka Jakarta Kota (JAKK) sarta diperpanjang nepi ka Gambir.
- Susunan rangkéanna nyaéta: (Ti tanggal 1 Desember 2019)
- 1 Lokomotip CC206 Dipo Induk JNG
- 1 Karéta Pembangkit (P 2018/2019 JAKK)
- 3 Karéta Éksekutip (K1 2018/2019 JAKK)
- 1 Karéta Makan/Pembangkit (M1 2018/2019 JAKK) (MP3 2016 BD)
- 4 karéta Prémium (K3 2018/2019 JAKK)
- 2 kereta bahasi (B JAKG)*
Katerangan:
(*) Karéta bahasi dileupas di Surabaya Gubeng pikeun dilangsir ka Stasion Surabaya Kota, sedengkeun KA Mutiara Selatan na nuluykeun lalampahan ka Malang. Ti Malang KA Mutiara Selata teu mawa karéta bahasi, sanggeus nepi di Surabaya Gubeng kakara ditambahan karéta bahasi di rangkéan bagian tukangeunna.
Jadwal karéta
Dina GAPEKA 2019 ieu, Karéta api Mutiara Selatan berangkat ti Gambir soré, nepi ka Malang béurang. Kitu ogé sabalikna. Jadwal leuwih lengkepna tingali di Wikipédia Basa Indonésia
Tingali ogé
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.