Stasion Maos
From Wikipedia, the free encyclopedia
Stasion Maos (MA) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu C anu perenahna di Karangreja, Maos, Cilacap. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +8 m ieu kaasup ka Daérah Operasi V Purwokerto. Kira-kira 100 m ti stasion ieu aya jambatan panjang anu meuntasan Walungan Cisarayu. Stasion ieu miboga tujuh jalur karéta api kalawan jalur 2 minangka sepur lurus sarta jalur 6 jeung 7 pikeun bongkar muat angkutan BBM.
Stasion Maos
| |
---|---|
| |
![]() Stasion Maos | |
Lokasi | Karangreja, Maos, Cilacap, Jawa Tengah, 53272 Indonésia |
Koordinat | Citakan:Country abbreviation 7.6190643°S 109.139396°E |
Luhur | +8 m |
Operator | Daérah Operasi V Purwokerto |
Letak ti pangkal | |
Jumlah péron | 4 (hiji péron sisi jeung tilu péron pulo nu sarua-rua rada pendék) |
Jumlah jalur | 7 (jalur 2: sepur lurus) |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Badag tipeu C[2] |
Layanan | |
Purwojaya (régulér jeung tambahan), Lodaya (iwal ti régulér jadwal isuk-isuk, peuting, sarta tambahan jadwal isuk-isuk arah Bandung jeung tambahan jadwal isuk-isuk arah Solo), Mutiara Selatan (arah Bandung), Wijayakusuma, Pasundan (régulér jeung tambahan), Kahuripan, Kutojaya Selatan (régulér jeung tambahan), Serayu, sarta KA ketel/angkutan BBM | |
Fasilitas jeung téknis | |
Pamesenan tikét | Sistem tikét online, ngalayanan pamesenan langsung di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass. |
Lokasi dina peta |
Di kuloneun stasion ini aya pacabangan ka Stasion Cilacap. Unikna, ngan babaraha ratus méter ti pacabangan ka arah Cilacap ieu geus aya stasion deui, nyaéta Stasion Kasugihan, anu bisa katempo ti jero KA anu ngaliwat di pacabangan ka arah Banjar.
Stasion ieu mangrupa stasion terminus pikeun karéta api kétél/BBM ruteu Maos-Kroya-Tegal pp. Berangkat dari dépot Pertamina anu aya di kalér-kulon stasion, tuluy ka arah wétan nepi Kroya, tungtungna di Tegal liwat Purwokerto-Slawi.[3]
Sajarah

Stasion ieu kira-kira geus aya ti saprak pangwangunan jalur karéta api Cilacap–Kroya–Kutoarjo–Yogyakarta di tanggal 20 Juli 1887. Pangwangunan ieu kaasup nyieun jalur cabang ka Kota Purworejo nu dibuka di tanggal nu sarua.[4]
Stasion anu asalna miboga gaya arsitéktur Indische Empire SS ieu kungsi dieundeurkeun ku lini anu gedé di tanggal 15 Mei 1923.[5] Wangunan stasion asli geus runtuh sarta kudu diwangun deui. Sanajan wangunan asli stasion ieu diruntuhkeun alatan dianggap ngabahayakeun pamaké jasa SS harita, nepi ka kiwari aya bagian anu masih kénéh asli, saperti ateup overkapping stasion anu bentukna ngalengkung.

Baheula aya pacabangan jalur ti stasion ieu ka Purwokerto jeung Wonosobo anu diwangun ku Serajoedal Stoomtram Maatschappij.[6] Baheula jalur éta dipaké pikeun ngangkut tiwu, ngan kiwari geus euweuh. Jalurna dinonaktipkeun alatan dibongkar ku pagawé romusha Jepang di taun 1943.
Layanan karéta api
Panumpang
Kelas éksekutip
Purwojaya (régulér jeung tambahan), jurusan Cilacap jeung jurusan Kroya nyambung ka Jakarta liwat Purwokerto-Cirebon
Kelas campuran
- Lodaya, jurusan Bandung (tambahan jadwal malam) jeung jurusan Solo liwat Yogyakarta (régulér jadwal isuk-isuk, peuting, sarta tambahan jadwal peuting) (régulér: éksekutip-ékonomi AC prémium; tambahan: éksekutip-bisnis)
- Mutiara Selatan, jurusan Bandung liwat Tasikmalaya (éksekutip-ékonomi AC prémium)
- Wijayakusuma, jurusan Cilacap jeung jurusan Surabaya nyambung ka Banyuwangi liwat Yogyakarta-Solo-Madiun-Jombang (éksekutip-ékonomi AC prémium)
- Kutojaya Selatan Tambahan, jurusan Bandung liwat Tasikmalaya jeung jurusan Kutoarjo (bisnis-ékonomi AC)
Kelas ékonomi AC
- Pasundan (régulér jeung tambahan), jurusan Bandung liwat Tasikmalaya jeung jurusan Surabaya liwat Yogyakarta-Solo-Madiun-Jombang
- Kahuripan, jurusan Bandung liwat Tasikmalaya jeung jurusan Blitar liwat Yogyakarta-Solo-Madiun
- Kutojaya Selatan, jurusan Bandung liwat Tasikmalaya jeung jurusan Kutoarjo
- Serayu, jurusan Jakarta liwat Tasikmalaya-Bandung-Purwakarta jeung jurusan Kroya nyambung ka Purwokerto
Barang
KA kétél/angkutan BBM, jurusan Kroya nyambung ka Tegal liwat Slawi
Persilangan dan persusulan
KA Lodaya jurusan Solo (KA 82) silang jeung KA Turangga jurusan Bandung (KA 49) anu ngaliwat langsung.
Jadwal karéta api
Ieu jadwal karéta api panumpang anu eureun di Stasion Maos per 29 Méi 2019 (révisi Gapéka 2017).
- KA Régulér
No. KA | KA | Jurusan | Kelas | Datang | Berangkat |
---|---|---|---|---|---|
82 | Lodaya | Solo Balapan (SLO) | Éksekutip & Ékonomi AC Prémium | 00.06 | 00.12 |
204 | Kutojaya Selatan | Kutoarjo (KTA) | Ékonomi AC | 02.23 | 02.25 |
114/111 | Mutiara Selatan | Bandung Hall (BD) | Éksekutip & Ékonomi AC Prémium | 03.20 | 03.22 |
7094/7091 | Wijayakusuma | Cilacap (CP) | 04.14 | 04.16 | |
58/59 | Purwojaya | Éksekutip Satwa | 04.29 | 04.31 | |
220/221 | Serayu | Kroya (KYA) nyambung ka Purwokerto (PWT) | Ékonomi AC | 07.05 | 07.07 |
218/215 | Jakarta Pasar Senen (PSE) | 07.39 | 07.41 | ||
203 | Kutojaya Selatan | Bandung Kiaracondong (KAC) | 10.59 | 11.01 | |
180 | Pasundan | Surabaya Gubeng (SGU) | 11.25 | 11.27 | |
80 | Lodaya | Solo Balapan (SLO) | Éksekutip & Ékonomi AC Prémium | 12.31 | 12.33 |
7092/7093 | Wijayakusuma | Surabaya Gubeng (SGU) nyambung ka Banyuwangi Baru (BW) | 14.35 | 14.37 | |
60/57 | Purwojaya | Kroya (KYA) nyambung ka Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa | 14.55 | 14.58 |
179 | Pasundan | Bandung Kiaracondong (KAC) | Ékonomi AC | 17.10 | 17.12 |
222/219 | Serayu | Jakarta Pasar Senen (PSE) | 17.39 | 17.41 | |
216/217 | Kroya (KYA) nyambung ka Purwokerto (PWT) | 18.57 | 18.59 | ||
181 | Kahuripan | Bandung Kiaracondong (KAC) | 21.09 | 21.11 | |
182 | Blitar (BL) | 23.33 | 23.35 |
- KA Tambahan (beroperasi pas keur lebaran jeung natal-taun baru; kadang ogé pas poé libur nasional atau ahir pekan nu tangtu)
No. PLB | KA | Jurusan | Kelas | Datang | Berangkat |
---|---|---|---|---|---|
7019 | Lodaya Tambahan | Bandung Hall (BD) | Éksekutip & Bisnis | 01.30 | 01.35 |
7022 | Solo Balapan (SLO) | 01.34 | 01.37 | ||
7046 | Kutojaya Selatan Tambahan | Kutoarjo (KTA) | Bisnis & Ékonomi AC | 05.18 | 05.20 |
7018/7015A | Purwojaya Tambahan | Kroya (KYA) nyambung ka Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa | 08.45 | 08.48 |
7036A | Pasundan Tambahan | Surabaya Gubeng (SGU) | Ékonomi AC | 12.18 | 12.20 |
7045 | Kutojaya Selatan Tambahan | Bandung Kiaracondong (KAC) | Bisnis & Ékonomi AC | 13.38 | 13.41 |
7035A | Pasundan Tambahan | Ékonomi AC | 15.46 | 15.48 | |
7016A/7017 | Purwojaya Tambahan | Cilacap (CP) | Éksekutip Satwa | 22.27 | 22.29 |
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.