![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/98/Vanadium_etched.jpg/640px-Vanadium_etched.jpg&w=640&q=50)
Vanadium
From Wikipedia, the free encyclopedia
Vanadium nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang V jeung nomor atom 23.[1] Vanadium mangrupa unsur langka, lemes, sarta warnana kulawu bodas anu kapanggih dina mineral tinangtu sarta dipaké utamana pikeun ngahasilkeun paduan logam.[2] Vanadium tahan kana tihiangan ku sabab miboga lapisan palindung oksida di bagéan luarna.[2] Vanadium teu pernah kapanggih sacara murni di alam, tapi nyangkaruk sanyawaan dina kurang leuwih 65 mineral abu béda-béda kayaning patronite, vanadinite, carnotite jeung bauksit.[2] Vanadium kawangun dina endepan nu ngandung karbon siga minyak atah, batubara, jeung keusik tar.[2] Cadangan badag vanadium bisa kapanggih di Afrika Kulon jeung di Rusia.[2] Produksi bijih vanadium dunya kurang leuwih 45.000 ton per taun.[rujukan?] Vanadium umumna aya di sabagéan badag taneuh dina jumlah nu varéatif sarta diserep ku pepelakan.[2] Dina biologi, atom vanadium mangrupa komponén penting sawatara énzim, urtamana nitrogenase vanadium anu dipaké ku sawatara mikroorganisme nitrogén.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/98/Vanadium_etched.jpg/640px-Vanadium_etched.jpg)