From Wikipedia, the free encyclopedia
Biologi mangrupa élmu ngeunaan mahluk hirup.[1] Ulikanana museur dina ciri jeung paripolah organisme, cara tumuwuhna spésiés jeung individu, sarta interaksi hiji jeung nu séjénna tur lingkunganana. Biologi asal tina kecap (bios= hirup, logos = élmu) bisa dikiratakeun biologi téh élmu pangaweruh anu museur dina widang mahluk hirup. [1]
Biologi boga ambahan nu lega na lapang akademik nu mindeng diteuteup salaku hiji disiplin nu mandiri. Kalawan babarengan, biologi ngulik kahirupan nu aya dina skala nu lega:
Aérobiologi -- Anatomi -- Arachnology-- Astrobiologi -- Biokimia -- Bionik -- Biogéografi -- Bioinformatik -- Biomékanik -- Biofisik-- Biotéknologi -- Botani -- Biologi sél -- Chorology -- Kladistik -- Crustaceology -- Cryptozoology -- Siklus -- Sitologi -- Developmental biology -- Panyakit (Panyakit genetik, Panyakit inféksi) -- Ékologi (Ékologi téoritis, Simbiologi, Autecology, Synecology) -- Ethology -- Entomologi -- Biologi évolusi (Évolusi) -- Evolutionary developmental biology -- Freshwater biology -- Genetik (Genetik populasi, Genetik kuantitatif, Genomik, Protéomik) -- Hérpetologi -- Histologi -- Biologi manusa (Antropologi) -- Ichthyology -- Imunologi -- Patologi -- Épidemiologi -- Limnologi -- Malacologi -- Mammalogi -- Biologi laut -- Mikrobiologi (Bakteriologi) -- Biologi molekular -- Morfologi -- Mikologi / Lichenology --- Myrmecology --- Élmu saraf (Neuroanatomi, Neurofisiologi, Élmu saraf sistem, Psikologi biologis, Psikiatri, Psikofarmakologi, Behavioral science, Neuroethology, Psikofisik, Élmu saraf komputasional, Élmu saraf kognitif, Élmu kognitif)-- Onkologi (ulikan ngeunaan kangker) -- Ontogeni -- Asal-usul manusa -- Ornitologi -- Paléontologi (Paléobotani, Paléozoologi)-- Parasitologi -- Fikologi (Algologi) -- Filogeni (Filogenetik, Filogéografi) -- Fisiologi -- Fitopatologi -- Biologi struktural -- Taksonomi -- Toksikologi (ulikan ngeunaan racun jeung polusi) -- Virologi -- Xénobiologi -- Zoologi
Tatamba -- Antropologi fisik
Inohong widang biologi -- Sajarah biologi -- Hadiah Nobel widang fisiologi atawa tatamba -- Kala biologi jeung kimia organik
Tempo: Daptar jejer biologi
Naon prioritas urang nulis di dieu? Pikeun mantuan ngembangkeun daptar jejer-jejer nu pangdasarna dina widang biologi, mangga tempo Wikipédia: jejer dasar biologi.
salah sahiji konsép puseur jeung pangatur dina biologi nandeskeun yén sadaya nu hirup diturunkeun ti hiji common origin ngaliwatan prosés évolusi. Charles Darwin nerangkeun konsép téoritis évolusi nu masih kénéh jadi puseur nepi ka kiwari, ku jalan ngajukeun seléksi alam pikeun mékanismena. Salajengna genetic drift dirangkul salaku mékanisme tambahan dina nu disebut sintésis modern. Sajarah évolusionér hiji spésies— nu ngécéskeun karakteristik rupa-rupa spésiés asal-usulna—sarta kakaitan genéalogis jeung spésiés séjénna disebut filogeni. Rupa-rupa pendekatan dina biologi ngahasilkeun informasi ngeunaan filogeni. salah sahijina nyéta ku ngabandingkeun urutan DNA nu diulik dina biologi molekular atawa genomik jeung ngabandingkeun fosil atawa rekaman séjénna ngeunaan organisme kuna dina paléontologi. Para ahli biologi ngatur jeung nganalisis hubungan évolusionér ngaliwatan rupa-rupa métode, di antarana filogenetik, fenetik, sarta kladistik. Kajadian-kajadian utama dina évolusi mahluk hirup, sakumaha nu ayeuna diagem ku maranéhna, diringkeskeun dina evolutionary timeline.
Klasifikasi mahluk hirup disebutna sistematika atawa taksonomi, nu kudu ngeunteung kana tangkal évolusi (tangkal filogenetik) organisme-organisme nu baréda. Taksonomi ngumpulkeun organisme-organisme dina kumpulan nu disebut taksa, sedengkeun sistematika nyiar patali-patalina. Sistem nu dominan disebut taksonomi Linnaean, nu ngawengku urutan jeung tatangaran binomial. Kumaha hiji organisme dibéré ngaran diatur ku kasapukan internasional saperti International Code of Botanical Nomenclature (ICBN), International Code of Zoological Nomenclature (ICZN), jeung International Code of Nomenclature of Bacteria (ICNB). Draf kaopat BioCode geus medal taun 1997 dina usaha ngabakukeun tatangaran na tangkalna, ngan rupana can sacara formal diadopsi. International Code of Virus Classification and Nomenclature (ICVCN) tetep aya di luareun BioCode.
Sacara tradisional, mahluk hirup dibagi kana lima karajaan:
Ngan, sistem lima-karajaan ieu kiwari geus loba dianggap tinggaleun jaman. Pilihan séjén nu leuwih modérn sacara umum dimimitian ku sistem tilu-wewengkon:
Wewengkon ieu ngagambarkeun aya henteuna inti tur béda ékstérior sélna.
Aya ogé saréngréngan parasit intrasélular nu "teu hirup" dina harti aktivitas métabolismena:
Diwangun ku ngagabungkeun kecap Yunani βίος (bios), nu hartina 'hirup', jeung λόγος (logos), nu hartina 'kecap', kecap "biologi" dina harti modérn jigana mimiti diwanohkeun sacara séwang-séwangan ku Gottfried Reinhold Treviranus (Biologie oder Philosophie der lebenden Natur, 1802) jeung ku Jean-Baptiste Lamarck (Hydrogéologie, 1802). Kecap ieu kadang kasebutkeun cenah diciptakeun taun 1800 ku Karl Friedrich Burdach, tapi ogé kapanggih na judul Michael Christoph Hanov Volume 3 Philosophiae naturalis sive physicae dogmaticae: Geologia, biologia, phytologia generalis et dendrologia, nu medal taun 1766.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.