From Wikipedia, the free encyclopedia
Stasion Tegal (TG) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna di wates antara Kalurahan Panggung jeung Slerok, Kacamatan Tegal Timur, Tegal. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +4 méter ieu mangrupa stasion KA pangkulonna di Daérah Operasi IV Semarang. Stasion ieu jarakna ngan 100 méter di wétaneun alun-alun Kota Tegal.
Stasion Tegal
| |
---|---|
| |
Lokasi | Jalan Pancasila 1 Slerok, Tegal Timur, Tegal, Jawa Tengah, 52125 Indonésia |
Luhur | +4 m |
Operator | Daérah Operasi IV Semarang |
Letak ti pangkal | |
Jumlah péron | 2 (hiji péron sisi anu jangkung sarta hiji péron pulo anu rada jangkung. Euweuh péron di antara jalur 1 jeung 2) |
Jumlah jalur | 6:
|
Informasi lain | |
Klasifikasi | Badag tipeu A[2] |
Sejarah | |
Dibuka | 1885 |
Layanan | |
Argo Muria (régulér & fakultatif), Argo Sindoro (régulér & fakultatif), Argo Cheribon, Bangunkarta, Sembrani (régulér, fakultatif, & tambahan), Jayabaya, Brantas (régulér & tambahan), Harina, Gumarang, Ciremai, Dharmawangsa, Kamandaka, Joglosemarkerto, Majapahit, Kertajaya (régulér & tambahan), Menoréh, Kaligung, Tawang Jaya (régulér, tambahan, & prémium), Matarmaja (régulér & tambahan), Tegal Éksprés, KA kétél/angkutan BBM, jeung Parcel ONS | |
Fasilitas jeung téknis | |
Tipeu pasinyalan | Éléktrik tipeu VPI GRS/Alstom kalawan interlocking Len[3] |
Pamesenan tikét | Sistem tikét online; ngalayanan pamesenan langsung sarta parobahan/pabolayan kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun boarding pass husus kaberangkatan KA jarak jauh/manengah. |
Lokasi dina peta |
Stasion ieu manjang ti kalér ka kidul. Ka kalér, jalur karéta api bakal méngkol ka weétan ka arah Semarang. Baheula, ti Stasion Tegal aya pacabangan jalur ka Palabuhan Tegal. Sedengkeun ka kidul, saenggeus méngkol ka kulon, jalur ieu nyagak jadi dua: hiji ka Brebes tuluy ka Cirebon sarta hiji deui ka Slawi tuluy ka Purwokerto.
Di kaléreun stasion aya dipo lokomotip anu nyimpen babaraha lokomotip saperti BB200 jeung D301, sedengkeun di beulah kidul aya Depo Pertamina nau jadi tempat bongkar muat karéta api kétél ti Stasion Maos, Cilacap. Aya ogé jalur parkir anu dipaké pikeun nyimpen gerbong anu rék dioméan di Balai Yasa Tegal sarta pikeun nyimpen rangkéan KA Argo Cheribon jeung KA Kaligung.
Saenggeus diwangunna jalur ganda, stasion ieu boga genep jalur karéta api kalawan jalur 1 anu jadi sepur lempeng. Ti saprak jalur ganda Tegal ka Pekalongan diresmikeun per 9 Séptember 2009,[4] jalur 1 eksisting dijadikeun sepur lempeng arah Cirebon-Jakarta, sarta jalur 2 eksisting jadi sepur lempeng arah Semarang-Surabaya, jalur 3 jadi sepur lempeng arah Slawi-Prupuk, jalur 4 jadi sepur lempeng arah balai yasa jeung Depot Pertamina, sarta dua jalur sésana pikeun nyimpen rangkéan karéta api kétél Pertamina.[5][6]
Hiji-hijina karéta api panumpang anu ngaliwat langsung di stasion ieu nyaéta KA Argo Anggrék.
Stasion Tegal mimiti diwangun di taun 1885 sarta diresmikeun di tanggal 17 Nopémber 1886 minangka stasion trém Tegal–Balapulang milik Javasche Spoorweg Maatschappij (JSM).[7] Di tanggal 16 Séptémber 1895 stasion ieu dibeuli ku maskapé karéta api Semarang-Cheribon Stoomtram Maatschappij (SCS) sarta wangunanna dilengkepan ku hateup anu gedé tina kai anu ngiuhan dua jalur karéta api.[8] Di taun 1918 sawaréh wangunan dirénovasi dumasar karya arsiték Henri Maclaine Pont (1885-1971), tapi hateup meunang nyieun taun 1897 teu loba dirobah.
Ciri has ti stasion ieu nyaéta disetélna lagu instruméntal Gambang Semarang—disetél ogé di stasion di Daérah Operasi IV Semarang—pikeun kadatangan karéta api.
Ieu jadwal karéta api panumpang anu eureun di Stasion Tegal per 1 April 2020 (révisi Gapéka 2019).
No. KA | KA | Jurusan | Kelas | Tiba | Berangkat |
---|---|---|---|---|---|
79 | Bangunkarta | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa | 00.40 | 00.47 |
26 | Argo Cheribon | Tegal (TG) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 01.45 | - |
252 | Majapahit | Malang Kotabaru (ML) liwat Semarang Tawang (SMT) | Ékonomi AC Plus | 02.07 | 02.16 |
131/130 | Harina | Surabaya Pasarturi (SBI) | Éksekutip & Ékonomi AC Prémium | 02.58 | 03.07 |
255A | Kertajaya | Jakarta Pasar Senén (PSE) | Ékonomi AC Prémium | 03.54 | 04.04 |
330 | Tawang Jaya | Semarang Poncol (SMC) | Ékonomi AC | 04.15 | 04.22 |
280 | Kaligung | Ékonomi AC Plus | 04.57 | 05.05 | |
32 | Argo Cheribon | Pemalang (PML) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 05.20 |
135 | Dharmawangsa | Jakarta Pasar Senén (PSE) | Éksekutip & Ékonomi AC | 05.23 | 05.32 |
251 | Majapahit | Ékonomi AC Plus | 05.47 | 05.54 | |
187/188 | Kamandaka | Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | 06.56 | 07.13 |
23 | Argo Cheribon | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 06.59 | 07.05 |
271 | Kaligung | Cirebon Prujakan (CNP) | Ékonomi AC Plus | 07.17 | 07.25 |
11 | Argo Sindoro | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo | 07.58 | 08.04 |
149/152 | Ciremai | Cikampék (CKP) nyambung ka Bandung Hall (BD) | Éksekutip & Bisnis | 08.47 | 08.54 |
263 | Menoréh | Jakarta Kota (JAKK) | Ékonomi AC Plus | 10.20 | 10.30 |
272 | Kaligung | Semarang Poncol (SMC) | 10.22 | 10.28 | |
193/194/195 | Joglosemarkerto | Solo Balapan (SLO) nyambung ka Semarang Tawang (SMT) liwat Yogyakarta Tugu (YK) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | 10.34 | 10.40 |
14 | Argo Muria | Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip Argo | 10.48 | 10.53 |
279 | Kaligung | Brebes (BB) | Ékonomi AC Plus | 11.03 | 11.11 |
262 | Tawang Jaya Prémium | Semarang Tawang (SMT) | Ékonomi AC Prémium | 11.07 | 11.13 |
199/200/201 | Joglosemarkerto | Solo Balapan (SLO) nyambung ka Yogyakarta Tugu (YK) liwat Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | 12.19 | 12.24 |
278 | Kaligung | Semarang Poncol (SMC) | Ékonomi AC Plus | 12.30 | 12.38 |
136 | Dharmawangsa | Surabaya Pasarturi (SBI) | Éksekutip & Ékonomi AC | 12.47 | 12.57 |
189/190 | Kamandaka | Purwokerto (PWT) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | 13.17 | 13.28 |
151/150 | Ciremai | Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip & Bisnis | 13.23 | 13.30 |
340 | Tegal Éksprés | Tegal (TG) | Ékonomi AC | 13.37 | - |
339 | Jakarta Pasar Senén (PSE) | - | 14.30 | ||
16 | Argo Cheribon | Tegal (TG) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 14.38 | - |
292 | Matarmaja | Malang Kotabaru (ML) liwat Semarang Tawang (SMT) | Ékonomi AC | 15.03 | 15.10 |
17 | Argo Cheribon | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 15.30 |
329 | Tawang Jaya | Jakarta Pasar Senén (PSE) | Ékonomi AC | 15.47 | 15.54 |
273 | Kaligung | Tegal (TG) | Ékonomi AC Plus | 16.00 | - |
20 | Argo Cheribon | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 16.04 | - | |
274 | Kaligung | Semarang Poncol (SMC) | Ékonomi AC Plus | - | 16.50 |
21 | Argo Cheribon | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 17.00 |
118 | Brantas | Blitar (BL) liwat Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip & Ékonomi AC | 17.48 | 17.55 |
13 | Argo Muria | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo | 17.58 | 18.05 |
256A | Kertajaya | Surabaya Pasarturi (SBI) | Ékonomi AC Prémium | 18.34 | 18.41 |
277 | Kaligung | Tegal (TG) | Ékonomi AC Plus | 18.54 | - |
80 | Bangunkarta | Surabaya Gubeng (SGU) liwat Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip Satwa | 19.14 | 19.19 |
191/192 | Joglosemarkerto | Solo Balapan (SLO) liwat Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | 19.24 | 19.31 |
276 | Kaligung | Semarang Poncol (SMC) | Ékonomi AC Plus | - | 19.45 |
134 | Gumarang | Surabaya Pasarturi (SBI) | Éksekutip & Bisnis | 19.51 | 20.01 |
12 | Argo Sindoro | Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip Argo | 20.09 | 20.16 |
291 | Matarmaja | Jakarta Pasar Senén (PSE) | Ékonomi AC | 20.14 | 20.20 |
114/115 | Jayabaya | Surabaya Pasarturi (SBI) nyambung ka Malang Kotabaru (ML) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | 21.11 | 21.17 |
116/113 | Jakarta Pasar Senén (PSE) | 21.19 | 21.25 | ||
153/156 | Ciremai | Cikampék (CKP) nyambung ka Bandung Hall (BD) | Éksekutip & Bisnis | 21.33 | 21.42 |
117 | Brantas | Jakarta Pasar Senén (PSE) | Éksekutip & Ékonomi AC | 21.48 | 21.55 |
275 | Kaligung | Tegal (TG) | Ékonomi AC Plus | 22.05 | - |
133 | Gumarang | Jakarta Pasar Senén (PSE) | Éksekutip & Bisnis | 22.19 | 22.25 |
261 | Tawang Jaya Prémium | Ékonomi AC Prémium | 22.41 | 22.51 | |
155/154 | Ciremai | Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip & Bisnis | 22.44 | 22.50 |
197/198 | Kamandaka | Purwokerto (PWT) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | 22.55 | 23.04 |
82 | Sembrani | Surabaya Pasarturi (SBI) | Éksekutip Satwa & Luxury | 23.02 | 23.08 |
129/132 | Harina | Cikampék (CKP) nyambung ka Bandung Hall (BD) | Éksekutip & Ékonomi AC Prémium | 23.15 | 23.22 |
264 | Menoréh | Semarang Tawang (SMT) | Ékonomi AC Plus | 23.40 | 23.48 |
81 | Sembrani | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa & Luxury | 23.47 | 23.54 |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.