Stasion Brebes

From Wikipedia, the free encyclopedia

Stasion Brebes (BB) nyaéta stasion karéta api kelas I anu perenahna di Brebes, Brebes, Brebes. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +4 méter ieu mangrupa stasion karéta api aktip pangwétanna di Daérah Operasi III Cirebon sarta mangrupa stasion panggedéna di Kabupatén Brebes. Stasion ieu aya di sisieun jalan raya Brebes anu ka Cirebon-Jakarta.

Fakta Singget Lokasi, Luhur ...
Stasion Brebes

Thumb

Thumb
  • Singgetan: BB
  • Nomor: 1014
LokasiJalan Jéndral Sudirman
Brebes, Brebes, Brebes, Jawa Tengah,
Indonésia
Luhur+4 m
OperatorDaérah Operasi III Cirebon
Letak ti pangkal
Jumlah péron3 (dua péron sisi jeung hiji péron pulo anu sarua jangkungna)
Jumlah jalur3 (jalur 1 jeung 2: sepur lempeng)
Informasi lain
KlasifikasiI[2]
Layanan
Argo Cheribon, Brantas (régulér & tambahan), Dharmawangsa, Ciremai (jadwal isuk-isuk arah Cikampék-Bandung sarta peuting arah Semarang), Kertajaya (régulér & tambahan), Menoreh, Kaligung, Tawang Jaya (régulér dan prémium), Tegal Éksprés, jeung Matarmaja Tambahan
Fasilitas jeung téknis
Tipeu pasinyalan
  • Éléktrik tipeu VPI GRS (2003–2014)[3]
  • Éléktrik tipeu Sinyal Interlocking Len-02 (2014–sekarang)
Lokasi dina peta
Tutup

Mimitina, ieu stasion boga tilu jalur karéta api kalawan jalur 1 anu jadi sepur lempengna. Ti saprak bérésna jalur ganda di lintas Cirebon–Tegal per 2013-2014,[4][5] tata letak stasion ieu dirobah, jalur 1 eksisting dijadikeun sepur lempeng arah Cirebon, sedengkeun jalur 2 eksisting dijadikeun sepur lempeng arah Tegal. Jalur 3 kahubung jeung sepur badug di salah sahiji ujungna.

Wangunan stasion ieu geus digentikeun ku wangunan anyar di wétaneun wangunan anu heubeul, sarta dipasangna overkapping sangkan panumpang teu kapanasan atawa kahujanan nalika ngadagoan karéta api. Wangunan heubeul stasion titinggal Semarang–Cheribon Stoomtram Maatschappij masih kénéh dipaké.

Ti mimiti 1 April 2017 stasion ieu jadi stasion terminus pikeun sawaréh lalampahan KA Kaligung anu saacanna ngan nepi ka Stasion Tegal.[6]

Ka kuloneun stasion ieu, saacan Stasion Tanjung, aya Stasion Bulakamba anu geus teu aktip ti saprak jalur ganda ségmén Brebes-Losari dioperasikeun di taun 2013.

Layanan karéta api

Panumpang

Kelas campuran

Kelas ékonomi AC prémium

Kelas ékonomi AC plus

Kelas ékonomi AC

Pasalingsingan pasusulan

KA Tegal Éksprés jurusan Tegal (KA 340) disusul KA Ciremai jurusan Semarang (KA 151/150) anu ngaliwat langsung.

Jadwal karéta api

Ieu jadwal karéta api panumpang anu eureun di Stasion Brebes per 1 April 2020 (révisi Gapéka 2019).

  • KA Régulér
Informasi leuwih jero No. KA, KA ...
No. KAKAJurusanKelasNepiIndit
26Argo Cheribon Tegal (TG)Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus01.3001.33
330Tawang JayaSemarang Poncol (SMC)Ékonomi AC03.5804.01
255A Kertajaya Jakarta Pasar Senén (PSE) Ékonomi AC Prémium 04.16 04.18
280Kaligung Semarang Poncol (SMC)Ékonomi AC Plus-04.45
135 Dharmawangsa Jakarta Pasar Senén (PSE) Éksekutip & Ékonomi AC 05.44 05.46
23Argo Cheribon Jakarta Gambir (GMR)Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus07.1707.19
271KaligungCirebon Prujakan (CNP)Ékonomi AC Plus07.3607.38
149/152CiremaiCikampék (CKP) nyambung ka Bandung Hall (BD)Éksekutip & Bisnis09.0609.08
272KaligungSemarang Poncol (SMC)Ékonomi AC Plus10.0810.10
263MenorehJakarta Kota (JAKK)10.4210.44
262Tawang Jaya PrémiumSemarang Tawang (SMT)Ékonomi AC Prémium10.5310.55
279KaligungBrebes (BB)Ékonomi AC Plus11.24-
278Semarang Poncol (SMC)-12.15
136 Dharmawangsa Surabaya Pasarturi (SBI) Éksekutip & Ékonomi AC 12.31 12.34
340Tegal ÉksprésTegal (TG)Ékonomi AC13.0013.25
16Argo Cheribon Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus14.2314.25
339Tegal ÉksprésJakarta Pasar Senén (PSE)Ékonomi AC14.4214.44
17Argo Cheribon Jakarta Gambir (GMR)Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus 15.4215.44
20Tegal (TG)15.4915.51
329Tawang JayaJakarta Pasar Senén (PSE)Ékonomi AC16.0716.09
21Argo Cheribon Jakarta Gambir (GMR)Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus 17.1217.14
118BrantasBlitar (BL)Éksekutip & Ékonomi AC17.3217.35
256AKertajayaSurabaya Pasarturi (SBI)Ékonomi AC Prémium18.1918.21
117BrantasJakarta Pasar Senén (PSE)Éksekutip & Ékonomi AC22.0722.09
155/154CiremaiSemarang Tawang (SMT)Éksekutip & Bisnis22.3022.32
261Tawang Jaya PrémiumJakarta Pasar Senén (PSE)Ékonomi AC Prémium23.0323.06
264MenorehSemarang Tawang (SMT)Ékonomi AC Plus23.2623.28
Tutup
  • KA Tambahan (beroperasi nalika usum boboran jeung natal-pabaru; kadang ogé pas poé peré nasional atawa tungtung minggu anu tangtu)
Informasi leuwih jero No. KA, KA ...
No. KA KA Jurusan Kelas Nepi indit
7013 Kertajaya Tambahan Jakarta Pasar Senén (PSE) Bisnis & Ékonomi AC Plus 05.20 05.22
7014 Surabaya Pasarturi (SBI) 09.48 09.50
7018 Matarmaja Tambahan Malang Kotabaru (ML) Ékonomi AC 13.34 13.39
7016 Brantas Tambahan Blitar (BL) Bisnis & Ékonomi AC Plus 18.03 18.05
7015 Jakarta Pasar Senén (PSE) 18.33 18.35
7017 Matarmaja Tambahan Ékonomi AC 18.53 18.55
Tutup

Insidén

  • Di tanggal 27 Pébruari 1995 janari, gerbong éksekutip karéta api Senja Utama Semarang ngagejlig di Stasion Brebes. Euweuh korban jiwa dina kajadian ieu.[7]
  • Di tanggal 9 Méi 2009 isuk-isuk, lokomotif CC201-26 anu ngabetot rangkéan KA Cirebon Éksprés ngagejlig di jalur 2 Stasion Brebes alatan kaganjel batu. Euweuh korban jiwa dina kajadian ieu.[8]

Rujukan

Tutumbu luar

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.