![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/3/3c/GFP_Mice_01.jpg/640px-GFP_Mice_01.jpg&w=640&q=50)
Rékayasa génétik
From Wikipedia, the free encyclopedia
Rékayasa génétik jeung modifikasi génétik (genetic modification (GM) mangrupa istilah pikeun prosés manipulasi/ngarobah gén, nu ilaharna béda ti prosés réproduksi organisme anu galib.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/3/3c/GFP_Mice_01.jpg/640px-GFP_Mice_01.jpg)
Rékayasa génétik ngawengku isolasi, manipulasi, jeung réintroduksi (ngasupkeun) DNA kana sél atawa organisme modél, nu biasana pikeun ngéksprésikeun hiji protéin. Anu dituju taya lian pikeun nyiptakeun ciri anyar, boh dina bentuk fisik atawa fisiologis. Contona nyaéta nyiptakeun pepelakan nu tahan hérbisida atawa nu ngahasilkeun protéin/énzim séjén, ngahasilkeun insulin manusa tina baktéri robahan, éritropoietin dina sél endog hamster Cina, jeung sato robahan pikeun panalungtikan.
ku sabab protéin téh ditangtukeun ku potongan DNA nu disebut gén, mangka protéin nu dihasilkeun téh bisa dirobah mun urang ngarobah DNA dina génna. Daniel Nathans jeung Hamilton Smith nampa 1978 Hadiah Nobel widang fisiologi jeung kadokteran pikeun karyana nu geus hasil ngisolasi énzim réstriksi nu bisa motong DNA dina loka anu tangtu. Ieu énzim, bareng jeung ligase nu bisa nyambungkeun DNA potongan, mangrupa alat utama dina téhnologi DNA rékombinan.