Piagam Madinah
From Wikipedia, the free encyclopedia
Piagam Madinah atawa Konstitusi Madinah (Basa Arab: صحیفة المدینه) nyaéta piagam formal kasapukan antara Muhammad jeung suku-suku/kelompok sarta rundayan-rundayan gedé nu matuh di Yatsrib (ka dieunakeun katelah Madinah), utamana Muslim, Yahudi, jeung pagan, nu dijieun kira taun 622.[1][2]. Di dinya dituliskeun ngeunaan dipungkasna papaséaan antarsuku Aus jeung Khazraj di Madinah, anu salajengna dituturkeun ku sababaraha hak jeung kawajiban pikeun masarakat Muslim, Yahudi, jeung pagan sangkan ngahiji dina hiji masarakat-Umat[3].
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |
![]() Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
Istilah-istilah Islam |
Rukun Islam |
Sahadat |
Solat – Saum |
Zakat – Haji |
Kota Penting |
Mekah – Madinah |
Yerusalem – Kufah |
Kajadian |
Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
Idul Adha – Maulid |
Wangunan |
Masjid – Munara |
Mihrob – Ka'bah |
Arsitéktur Islam |
Rujukan Ajaran |
Qur'an – Hadits – Sunnah |
Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
Madhab |
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |
Nepi ka kiwari, euweuh kasapukan ngeunaan titimangsa ieu piagam, tapi sacara umum mah para sarjana satuju yén ieu piagam dijieun teu lila sanggeus hijrah ti Mekah taun 622[4]. Ieu sacara éféktif ngadegkeun nagara Islam, anu di antara katangtuanana nyaéta ngeunaan kaamanan masarakat, kabébasan boga ageman, peran Madinah salaku tempat suci (ngeureunan peperangan), kasalametan wanoja, hubungan raket antarsuku di Madinah, sistem pajeg pikeun ngarojong masarakat dina mangsa aya bancang pakéwuh, aturan-aturan ngeunaan hubungan pulitik jeung kakawasaan luar, sistem jaminan kasalametan pikeun unggal jalma, sistem pangadilan pikeun mémérés sengkéta, sarta ngatur diyat (gaganti kisos).