Hadis
From Wikipedia, the free encyclopedia
Hadis (hadits, Basa Arab: حديث) nyaéta hiji hal anu ditujulkeun ka Nabi Muhammad saw, boh dina wangun omongan, gawé, atawa kamerenahanana.[1] Hadis mangrupa sumber hukum Islam kadua sanggeus Quran.[1] Firman Allah swt:
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/b1/Hadith1.png/200px-Hadith1.png)
... وَمَا ءَاتَاكُمُ الرَّسُولُ فَخُذُوهُ وَمَا نَهَاكُمْ عَنْهُ فَانْتَهُوا...
Hartina: Naon waé anu Rosul bikeun ka maranéh, pék tarima. Naon waé anu Anjeunna larang ka maranéh, pek tinggalkeun...(Q.S Al-Haysr [59]:7)