From Wikipedia, the free encyclopedia
Mawar (nu asalna tina basa Parsi) atawa eros (nu asalna tina basa Walanda) nyaéta tuwuhan ti genus Rosa. Mawar liar anu diwangun leuwih ku 100 spésiés lolobana tumuwuh di bumi beulahan kalér anu hawana tiis. Spésiés mawar umumna mangrupa tuwuhan eurih anu cucukan atawa tuwuhan anu ngareuy anu jangkungna bisa ngahontal 2 nepi ka 5 méter. Sanajan arang kapanggih, jangkungna mawar anu ngareuy dina tuwuhan lian bisa ngahontal 20 méter.
Érmawar | |
---|---|
Rosa canina | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | Rosales |
Kulawarga: | Rosaceae |
Subfamili: | Rosoideae |
Génus: | Rosa L. |
Spesies | |
antara 100-150 |
lolobana spésiés mawar miboga daun anu panjangna antara 5-15 cm. Mawar sabenerna lain tuwuhan tropis, lolobana spésiésna ngaleupaskeun kabéh daunna sarta ngan sawatara spésiés anu aya di Asia Tenggara anu sok mibanda daun héjo sapanjang taun.
Kajaba ti rosa sericea anu mibanda 4 lambar daun makuta, kembang mawar diwangun ku 5 lambar daun makuta. Warna kembang mawar biasana bodas jeung kayas atawa pikeun sawatar spésiés mah konéng jeung beureum.
Spésiés nu kembangna muka leuwih ngondang kadatangan nyiruan atawa sarangga séjén anu mantuan réproduksi antukna condong ngahasilkeun buah nu leuwih réa. Mawar hasil budidaya ngahasilkeun kembang anu daun makutana nutup rapet antukna ngahésékeun réproduksi. Sawaréh buah mawar boga warna beureum sawatara jinis séjénna kawas rosa pimpinellifolia ngahasilkeun buah nu boga warna wungu poék nepi ka hideung.
Sawatara spésiés kawas rosa canina jeung rosa rugosa ngahasilkeun buah rose hips anu pohara beunghar ku vitamin C malah mah kaasup ti antara sumber vitamin C alami anu pangbeungharna. Buah rose hips dipikaresep ku manuk nu sok ngahakan bungbuahan antukna mantuan sumebarna siki mawar ngaliwatan kokotor anu dikaluarkeunana. Sawatara jinis manuk kawas manuk Finch ogé ngadahar siki-siki mawar.
Umumna mawar mibanda cucuk nu wangunna kawas pengait anu gunana minangka cecekelan sawaktu ngarayap naékkan tuwuhan séjén. Sawatara spésiés anu tumuwuh liar di taneuh keusikan di wewengkon basisir kawas rosa rugosa sarta rosa pimpinellifolia nyalutukeun hirup ku cara ngajadikeun cucuk nu lempeng kawas jarum anu jigana boga guna pikeun ngurangan karuksakan alatan dihakan ku sato, nahan keusik anu ditiup ku angin sarta nangtayungan akar tina érosi. Sanajan geus ditangtayungan ku cucuk, kidang katempona henteu sieuneun ku éta cucuk sarta mindeng ngarusak éta mawar. Sawatara spésiés mawar miboga cucuk anu henteu mekar sarta henteu seukeut.
Mawar bisa kakeunaan sawatara panyakit kawas tai hiang daun. Cukang lantaranana nyaéta supa Phragmidium mucronatum anu ngabalukarkeun murudulna daun. Panyakit séjén anu henteu ngabahayakeun teuing kawas tipung Mildew dilantarankeun ku supa Sphaerotheca pannosa, sedengkeun panyakit Titik Hideung anu ditandaan ku mecenghulna titik-titik hideung dina daun disababkeun ku supa Diplocarpon rosae. Mawar ogé mangrupa kadaharan pikeun larva sawatara spésiés Lepidoptera.
Mawar dijadikeun salah sahiji pepelakan hias anu pangréana dipelak di taman sarta pangréana dijual di toko kembang minangka kembang keureutan. Mawar miboga ajén ékonomi anu penting minangka kembang keureutan sarta bahan baku minyak kembang anu dipaké industri parfum.
Budidaya mawar geus ngahasilkeun rébuan hibrida sarta kultivar. Mawar hibrida atawa kultivar lolobanaana dibudidayakeun pikeun kembang patamanan. Para budidayawan mawar abad ke-20 paheula-heula ngahasilkeun ukuran sarta warna pikeun ngahasilkeun kembang nu baradag, narik ati, sarta tanpa seungit (atawa tanpa ambeu), padahal mawar liar atawa mawar jaman tiheula mah pohara seungitna. Kultivar nu tangtu kawas Rosa banksiae malah henteu mibanda cucuk samasakali.
Mawar tumuwuh subur di wewengkon nu iklimna sedeng sanajan sawatara kultivar anu mangrupa hasil padika nyambungkeun (grafting) bisa tumuwuh di wewengkon nu iklimna subtropis nepi ka wewengkon nu iklimna tropis. Tablét suplemén vitamin C mindeng ditambahan rose hips salaku sumber vitamin C alami. Sari buah rose hips mangrupa bahan baku sirop sanggeus ngaliwatan prosés panyaringan. Rose hips ogé ngahasilkeun produk-produk séjén kawas entéh, jeli, selé sarta marmaléd.
Mawar Taman sacara umum digolongkan jadi 3 golongan badag:
Mawar anu dipikawanoh di Indonésia lolobana nyaéta mawar jinis Hybrid téa jeung Médium.
Dina kabudayaan Barat, mawar mangrupa kembang lambang cinta jeung kageulisan. Kembang mawar dianggap suci pikeun sawatara déwa dina mitologi Yunani kawas Isis jeung Aprodite.
Kembang mawar mangrupa kembang nasional Inggris sarta dipaké minangka lambang tim nasional rugby Inggris sarta Rugby Football Union di Inggris.
Di Kanada, kembang mawar liar mangrupa kembang propinsi Alberta. Di Amérika Sarikat, kembang mawar mangrupa kembang nagara bagian Iowa, Dakota Kalér, Georgia, jeung New York. Dayeuh Portland di nagara bagian Oregon anu saban taunna ngayakeun féstival kembang mawar mindeng disebut "Dayeuh Kembang mawar."
Kembang mawar mangrupa perlambang anti-kekerasan di Georgia sawaktu lumangsung Revolusi Mawar dina taun 2003.
Kembang mawar mindeng dijadikeun objék lukisan ku réa palukis. Palukis Perancis nu ngaranna Pierre-joseph Redouté kawentar ku lukisan sagala rupa spésiés kembang mawar anu digambar kalawan pohara tarapti.
Parfum (minyak seungit) dijieun tina minyak mawar anu mangrupa salah sahiji jinis minyak atsiri anu dibeunangkeun tina prosés panyaringan sarta panyaaban lumatan daun-daun makuta. Téknik panyaringan mawar asalna ti Parsia anu sumebar ka Arab sarta India.
Kiwari, kaperluan minyak mawar dunya saloba 70%-80% dipinuhan ku puseur panyaringan mawar di Bulgaria sedengkeun sésana ditedunan ku Iran jeung Jerman. Panyaringan minyak mawar di Bulgaria, Iran, jeung Jerman ngagunakeun mawar damaskus Rosa damascena 'Trigintipetala,' sedengkeun panyaringan di Perancis ngagunakeun jinis Rosa centifolia. Minyak mawar boga warna konéng sepa atawa konéng semu kulawu ogé disebut minyak 'Rose Absolute' pikeun ngabédakeunana jeung minyak mawar anu geus diéncérkan. Panyaringan ngahasilkeun minyak mawar kalawan perbandingan 1/3.000 nepi ka 1/6.000 tina beurat kembang, antukna diperlukeun 2.000 kembang mawar pikeun ngahasilkeun minyak mawar saloba 1 gram.
Minyak mawar diwangun ku geraniol nu ambeuna seungit anu miboga rumus kimia C10H18O kalawan rumus bangun CH3.C[CH3]:CH.CH2.CH2.C[CH3]:CH.CH2OH sarta l-sitronelol; sarta rose camphor (parafin tanpa ambeu).
{pondok}
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.