Lohor
From Wikipedia, the free encyclopedia
Solat Lohor (Basa Arab: صلاة الظهر) nyaéta solat sanggeus tengah poé (tapi saméméh kalangkang sarangéngéngaleuwihan panjang barang aslina). Dilakukeun unggal poé ku urang Muslim, mangrupa salah sahiji tina solat lima . Solat lima waktu sacara koléktif ngawangun salah sahiji tina Rukun Islam, dina Islam Sunni, sarta salah sahiji tina (sapuluh) Furuu'-ad-diin dina Islam Si'ah. Nalika indit-inditan, numutkeun sabasaraha madhab, bisa diqoshor jadi dua roka'at atawa dihijikeun jeung solat Asar. Solat Lohor disebutkeun dina Al Qur'an Q.S 17:78.
![]() Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
Istilah-istilah Islam |
Rukun Islam |
Sahadat |
Solat – Saum |
Zakat – Haji |
Kota Penting |
Mekah – Madinah |
Yerusalem – Kufah |
Kajadian |
Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
Idul Adha – Maulid |
Wangunan |
Masjid – Munara |
Mihrob – Ka'bah |
Arsitéktur Islam |
Rujukan Ajaran |
Qur'an – Hadits – Sunnah |
Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
Madhab |
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |
Dina Islam Sunni atawa Si'ah, solat opat roka'at diwajibkeun sarta bacaannana dibaca 1 (anca). Dina Islam Sunni, fardu opat roka'at jeung sunnah 2 roka'at sabadana kacida dianjurkeunnana.
Dina poé Juma'ah, solat Lohor diganti ku solat Juma'ah, nu mangrupa kawajiban pikeun sakabéh Muslim lalaki nu geus balég, dumuk di hiji tempat sarta teu boga hahalang saperti gering jeung sajabana.