Solat Asar (Basa Arab: عصر) nyaéta solat beurang nu diadegkeun ku Muslim. Solat ieu mangrupa solat katilu tina sola lima waktu. Solat lima waktu sacara lengkep mangrupa salah sahiji tina lima Rukun Islam dina Islam Sunni, atawa salah sahiji tina (sapuluh) Furuu'-ad-diin dina Islam Si'ah. Solat Asar jumlahna opat roka'at sarta bacaannana dilapalkeun kalayan sora nu anca (saperti solat sorangan1). Nalika indit-inditan, numutkeun sababaraha madhab, solat ieu bisa diqoshor jadi dua rokaat, atawa dijama' jeung Lohor, boh dilakukeun dina wanci Lohor (jama'taqdim) atawa dina wanci Asar (jama' ta'khir).

Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
Solat Saum
Zakat Haji
Kota Penting
Mekah Madinah
Yerusalem Kufah
Kajadian
Hijrah Kalénder Islam Idul Fitri
Idul Adha Maulid
Wangunan
Masjid Munara
Mihrob Ka'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'an Hadits Sunnah
Fiqih Fatwa Syari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Solat Asar disebutkeun dina Al Qur'an Q.S 2:238, sarta mangrupa salah sahiji ngaran surat pondok dina Al Qur'an (surat Al Ashr). Hal ieu nempatkeun solat Asar jadi solat nu utama.

Islam Si'ah

Wanci Asar nyaéta:

  • Mimiti: liwat Lohor.
  • Lekasan: surupna sarangéngé.


Islam Sunni

Wanci Asar numutkeun Sunni nyaéta:

  • Mimiti: Madhab-madhab Sunni béda-béda dina nangtukeun wanci. Madhab Maliki, Syafi'i, jeung Hanbali nerangkeun yén wanci Asar dimimitian nalika panjang hiji barang sarua jeung panjang kalangkangna ditambah panjang kalangkang barang nalika tengah poé. Sedengkeun pamanggih madhab Hanafi nyaéta, Asar dimimitian nalika panjang kalangkang hiji barang dua kalina panjang barang éta ditambah panjang kalangkang nalika tengah poé.2
  • Lekasan: Nalika sarangéngé surup ka handapeun cakrawala. Kacida goréngna (sarta dosana dina madhab Maliki) lamun heug nunda-nunda solat tanpa sabab musabab nu bener nepikeun ka katingalina sarangéngé robah warna jadi beureum atawa oranyem sanajan wanci éta kaasup kénéh wanci Asar.

Ku kituna, kacida pentingna pikeun ngadegkeun solat nalika munggaran wanci solat asup.

Catetan

  • 1 Pikeun nu solat nyorangan, sora bacaannana anca, kajaba takbir nu nandaan tiap tahap dina solat.
  • 2 Lamun panjang hiji obyék 'x' cm sarta panjang kalangkang 'y' cm, mangka lolobana pamanggih nangtukeun yén wanci Asar nalika panjang kalangkang 'x+y' cm. Sabagéan leutik golongan ngamimitian Asar nalika panjang kalangkang '2x+y'cm.

Tempo Ogé

  • Solat
  • Subuh (solat fajar)
  • Lohor (solat tengah poé)
  • Asar (solat lingsir panonpoé)
  • Magrib (solat surup panopoé)
  • Isa (solat peuting)

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.