Karéta api Malabar
From Wikipedia, the free encyclopedia
Pikeun ngaran gunung, tingali Gunung Malabar.
Karéta api Malabar (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮙᮜᮘᮁ) nyaéta karéta api campuran nu ngahubungkeun Stasion Pasar Senén jeung Stasion Malang liwat Bandung-Tasikmalaya-Kroya-Kutoarjo-Kediri.[1] Karéta ieu jadi karéta api hiji-hijina anu ngarangkéy kabéh kelas (éksekutip-bisnis-ékonomi).[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 8 Surabaya.[1]
Informasi leuwih jero Informasi, Operasi ...
Malabar | |
KA Malabar ngaliwat di wates DAOP 2 jeung DAOP 1 di daérah Sukaséuri, Cikampék | |
Informasi | |
Sistem | Karéta api antar kota |
Kelas | éksekutip-bisnis-ékonomi |
Status | Beroperasi |
Lokal | Daop 8 Surabaya |
Stasion terminus | Stasion Pasar Senén Stasion Malang |
Operasi | |
Dibuka | 30 April 2010 (dibuka kalawan ruteu Bandung-Malang) 1 Désémber 2019 (ruteuna dipanjangan nepi ka Pasar Senén) |
Dipiboga ku | PT Kereta Api Indonesia |
Operator | Daérah Operasi VIII Surabaya |
Karakter | lintas pagunungan |
Lokomotip | CC201, CC203, CC206 |
Data téhnis | |
Lébar sepur | 1.067 mm |
Gancangna operasional | 60-90 km/jam |
Titik pangluhurna | +848 m (Nagrég) |
Tutup
Asalna,karéta ieu ngalayanan ruteu Bandung-Malang, ngan ti mimiti 1 Désémber 2019, ku lantaran PT Kereta Api Indonesia medalkeun Grafik Perjalanan Kereta Api (GAPEKA) 2019, karéta ieu ruteuna dipanjangan nepi ka Stasion Pasar Senén, pikeun ngakomodir panumpang nu ti Bandung atawa daérah Priangan Wétan ka Jakarta, atawa sabalikna.[2]