Stasion Malang
stasion karéta api di Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Stasion Malang (ML) nyaéta stasion karéta api kelas A anu perenahna di Kiduldalem, Klojén, Malang. Stasion anu luhurna +444 mdbs ieu kaasup ka Daérah Operasi VIII Surabaya sarta jadi stasion panggedéna di Kota Malang. Stasion ieu boga salapan jalur, jalur 3 mangrupa jalur lurus. Stasion ieu ogé kadang disebut Stasion Malang Kotabaru (pikeun ngabédakeun jeung Stasion Malang Kotalama). Lokasi stasion ieu stratégis lantaran perenahna teu jauh ti Alun-alun Bundar, kompléks SMA Negeri 1, SMA Negeri 3, SMA Negeri 4, Gedung DPRD Kota Malang, Balai Kota Malang, Pasar Klojén, Hotél Tugu Inn, jeung Markas Kodam V Brawijaya.
Fakta Singget Lokasi, Koordinat ...
Stasion Malang
| |
---|---|
| |
Stasion Malang ditempo di hareup | |
Lokasi | Jalan Trunojoyo , , Malang, Jawa Timur, Indonésia |
Koordinat | Citakan:Country abbreviation 7.977942°S 112.6368435°E / -7.977942; 112.6368435 |
Luhur | +444 m |
Operator | Daérah Operasi VIII Surabaya |
Letak ti pangkal | km 49+234 lintas Bangil-Blitar-Kertosono[1] |
Jumlah péron | 3 (hiji péron sisi jeung dua peron pulau yang sarua rada luhur; masing-masing peron kahubung jeung torowongan handap taneuh, ngan euweuh péron antara jalur 1 jeung 2 sarta jalur 3 jeung 4) |
Jumlah jalur | 9 (jalur 3: sepur lurus) |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Besar tipe A[2] |
Sejarah | |
Dibuka | 1879 |
Diwangun deui | 1941 |
Layanan | |
Bima, Gajayana (régulér dan tambahan), Malabar, Malioboro Éksprés, Mutiara Selatan, KA Tambahan SGU-ML pp, Majapahit, Jayabaya, Matarmaja (régulér dan tambahan), Tawang Alun, Penataran, jeung Tumapel | |
Fasilitas jeung téknis | |
Pamesenan tikét | Sistem tikét onlén; ngalayanan pamesenan langsung jeung parobahan/pabolayan kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass husus kaberangkatan KA jarak jauh-menengah. |
Lokasi dina peta |
Tutup