Stasion Bandung
From Wikipedia, the free encyclopedia
Stasion Bandung (BD) atawa Stasion Hall (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna di Kebonjeruk, Andir, Kota Bandung, pasna di wates antara Kalurahan Pasirkaliki jeung Kebonjeruk. Stasion anu aya di tingkat kaluhuran +709 méter ieu mangrupa stasion panggedéna anu aya di Daérah Operasi II Bandung. Stasion ieu saméméhna ngan boga hiji wangunan stasion. Saenggeus dirénovasi ku Pamaréntah Kota Bandung, stasion ieu kiwari miboga dua wangunan sanajan masih kénéh ngahiji. Stasion ini perenahna di Jalan Stasiun Timur No. 1 (pintu kidul) jeung Jalan Kebon Kawung No. 43 (pintu kalér), Kota Bandung.
Stasion Bandung
| |
---|---|
| |
Stasion Bandung beulah kidul sabada ditata, 2020 | |
Ngaran lian | Stasion Hall |
Lokasi | Jalan Stasiun Timur No.1 (Lawang kidul) Jalan Kebon Kawung No.43 (Lawang kalér) Kebonjeruk, Andir, Bandung, Jawa Kulon, 40181 Indonésia |
Luhur | +709 m |
Operator | Daérah Operasi II Bandung |
Letak ti pangkal | km 155+134 lintas Bogor–Bandung– Banjar–Kutoarjo–Yogyakarta km 0+000 lintas Bandung– Cikudapateuh–Dayeuhkolot–Majalaya/Ciwidéy[1] |
Jumlah péron | 7 |
Jumlah jalur | 10 (jalur 3 & 4: sepur lurus) |
Konstruksi | |
Arsiték | F.J.A. Cousin[2] |
Gaya arsitéktur | Art deco |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Badag tipeu A[3] |
Sejarah | |
Dibuka | 18 Séptémber 1884 |
Diwangun deui | 1909 |
Layanan | |
Karéta api Pénumpang Jalur Barat Jawa: Argo Parahyangan (Regular jeung Tambahan) jeung Cikuray Jalur Selatan Jawa: Baturradén Éksprés, Lodaya, Argo Wilis, Turangga, Mutiara Selatan, Malabar, jeung Pangandaran Jalur Jawa Utara: Ciremai Éksprés jeung Harina Lokal/Komuter Commuter Line (Bandung Raya jeung Lokal Garut) | |
Fasilitas jeung téknis | |
Tipeu pasinyalan | Éléktrik |
Pamesenan tikét | Sistem tikét onlén; ngalayanan pemesenan langsung jeung parobahan/pabolayan kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass. |
Lokasi dina peta |
Stasion ieu ogé dipikawanoh minangka terminal angkutan kota lantaran ku lobana angkot jurusan stasion ieu, otomatis stasion Bandung jadi kasohor ku gelar “terminal angkot”.[4] Stasion ieu mangrupa stasion karéta api panggedéna di Kota Bandung jeung Jawa Kulon.
Mimiti taun 2014, KA lokal Bandung Raya jeung KA Lokal Cibatu teu dilayanan di pintu kalér stasion, ngan dilayanan di pintu kidul wungkul, pikeun ningkatkeun palayanan ka panumpang jeung calon panumpang di ieu stasion.
Stasion ieu mindeng dijadikeun minangka stasion karéta api pacontoan (pilot project) ku PT KAI dina sisi kualitas palayanan pikeun satingkat jeung bandara. Kusabab kitu, PT KAI ngajadikeun stasion ieu minangka stasion karéta api munggaran di Indonésia anu nerapkeun sistem check-in jeung boarding pass mimiti Pébruari 2016[5] sarta sistem pamariksaan bagasi ngagunakeun sinar-X mimiti Oktober 2018.[6]
Ka arah kulon stasion ieu aya urut stasion Bandung Gudang anu geus teu aktip lantaran geus euweuh deui aktivitas pangangkutan barang di dinya.
Ayeuna, stasion Bandung geus boga sasak layang (skybridge) di wétaneun stasion Bandung, anu ditujukeun husus pikeun panumpang. Salian éta, péron jalur 1 sarta péron antara jalur 2 jeung 3 dijangkungan sarta péron jalur 4, 5, jeung 6 dipanjangan pikeun ngaluyukeun jeung travelator anu nyambung ka sasak layang éta.[7]
Patali jeung proyék modérnisasi pasinyalan karéta api, ti mimiti Maret 2021 di stasion ieu jeung stasion Ciroyom dilakukeun prosés pikeun ngaganti sinyal anu heubeul jieunan Siemens anu geus 50 taun ku sinyal anu anyar meunang nyieun PT Len Industri.[8]