Jeruk purut atawa Jeruk lémo ; kaffir lime (Citrus hystrix) nyaéta jeruk anu asalna tina kulawarga rutaceae. [1] Citrus tina basa latin anu hartina jeruk, hystrix tina basa Yunani anu hartina landak, jeruk purut buahna leutik (sakeupeul), kulitna kandel tur reregetan aya ogé anu ngajarendul, umpama dipocél kaangseu seungit matak seger. [1] Jangkung tangkalna bisa nepi ka 2 méter, kulit luarna lemes kelirna semu héjo mibanda cucuk anu maréncos tur paranjang, kulit jerona bodas semu krém. [2] Daunna héjo, pucukna héjo ngora. [2]
Jeruk purut | |
---|---|
Jeruk purut Ti Blanco | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta |
Kelas: | |
Subkelas: | Rosidae |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | Citrus |
Spésiés: | C. × hystrix |
Ngaran binomial | |
Citrus × hystrix DC. | |
Ngaran Daérah
Unte Mukur, Unte Pangir (Batak), Lemau Kaffir, L. Sarakan (Lampung), Lemao Puruik (Minangkabau), Dema Kafalo (Nias), Limau Kaffirteen, Jeruk Seungit, Jeruk Purut (Sunda, Jawa), Jeruk Linglang, Jeruk purut (Bali), Mude Matang Bows, Mude Nelu (Flores).[3]
Kandungan kimia
Komposisi Daun mibanda tanin 1,8%, steroid triterpenoid, katut minyak asiri 1-1,5% v/b. Kulit buah ibanda saponin, tanin 1%, steroid triterpe- noid, sareng minyak asiri anu mibanda sitrat 2-2,5% v/b.[3]
Kagunaan
Dimangpaatkeun pikeun bungbu dapur dina rupa-rupa olahan kadaharan jeung inuman, di Indonesia jeung nagara Asia Tenggara, daunna ogé dimangpaatkeun pikeun campuran bungbu sayur anu meré seungit jeung rasa anu béda kana hasil olahan (rasa oriental) saperti sop "tom yam". [1]
Di Mandagaskar jeung sabudeureun Samudra Hindia geus taunan ngahasilkeun minyak tina daun jeruk purut sanajan dina jumlah anu masih saeutik, minyak daun jeruk purut mibanda zat anu disebut citronellal, ieu ogé mangrupa salah sahiji bahan panalungtikan di éta nagara. [4]
Dicuat tina
Wikiwand in your browser!
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.