From Wikipedia, the free encyclopedia
Dahu; Dracontomelon dao nyaéta tangkal kai nu asalna tina kulawarga Anacardiaceae.[2] [3][4][5] Tangkal dahu loba kapanggih hirup di nagara India, Cina, Myanmar, Thailand, Indonésia, Pilipina, New Guinea, jeung kapuloan Solomon.[3][4] Tangkal dahu bisa hirup kalawan subur di daérah nu mibanda hujan 1.800 nepi ka 2.900 mm, sarta kaayaan taneuh dina 500 - 1.000 mdpl.[3][5]
Dahu | |
---|---|
Buah Dahu | |
Klasifikasi ilmiah | |
Divisi: | Magnoliophyta |
Kelas: | |
Génus: | Dracontomelon |
Spésiés: | Dracontomelon costatum |
Sinonim | |
Daptar
|
Tangkal dahu di sababaraha nagara disebut ogé: Nga-Bauk (Burma), Ren Mien Zi (Cina), Drachenapfel (Jerman), Bengkuang (Malaysia).[3] Di Nagara urang sorangan, tangkal dahu mibanda ngaran daérah saperti: Tarpati (Banda), Rau (Jawa), Tabulate (Halmahéra), Talanjap (Kalimantan), jeung réa-réa deui.[3][4]
Tangkal dahu nu geus déwasa, jangkungna bisa nepi ka 36 méter kalawan gedé buleudan tangkalna 70 - 100 cm.[3] Dauna héjo lalonyod bijil sapasang-sapasang, dina sa cupat daun aya kana 10-12 pasang daun rubakna kurang leuwih dua ramo panjangna 6 cm.[3] Kelir daun nu beulah handap leuwih ngora tibatan beulah luhurna, pucuk dauna nu kakara merentis/bijil kelirna semu konéng.[3][4]
Buahna ngaranggeuy, baruleud leutik kurang leuwih gedéna sakeupeul leungeun budak.[3] Pentil buahna héjo, sarta robah jadi semu konéng mangsa geus asak.[3][4]
Dahu kaasup tangkal kai nu ngahasilkeun kai nu alus, bisa dimangpaat keun pikeun rupa-rupa parabot jeung pakakas, korék epi, palupuh, jeung sajabana.[3] Di Thailand buah ngora na sok dipaké campuran bumbu, di Malaysia buah katut siki na nu geus asak atawa kolot ogé bisa dikonsumsi, Kembang sarta pucuk daun dimangpaatkeun pikeun bahan sayureun.[3][4][5]
Nutrisi nu aya dina buah katur dauna tacan aya panaluntikan nu dibewarakeun, dina daun, akar sarta kulitna mibanda kimia nu disebut pertrol, dichloromethane, ethyl acetate, sarta butanol.[3][4]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.