From Wikipedia, the free encyclopedia
Kai mangrupa bahan hétérogén, higroskopik, sélulér, jeung anisotropik nu dihasilkeun ku tatangkalan nu kaian, gedéna gumantung ka jenis tangkalna. Kandungan utamana nyaéta serat selulosa (40%–50%) jeung hémiselulosa (15%–25%) nu dirapet ku lignin (15%–30%) [1].
Manusa geus ngagunakeun kai ti jaman baheula pikeun rupa-rupa tujuan, salah sahiji guna nu paling kuna nyaéta salaku suluh. Kai ogé dipaké salaku bahan pikeun nyieun karya seni, parahu, wangunan, mébel, kapal laut, pakarang, jeung rupa-rupa parabot. Saméméh aya bahan wangunan lianna, kai téh sok dipaké pikeun nyieun wangunan, boh imah atawa wangunan lianna. Malah, nepi ka kiwari, loba kénéh masarakat nu sacara tradisional ngagunakeun kai pikeun bahan wangunanana. Pikeun pindingna, lian ti kai dina bentuk papan, nu ilahar dipaké téh nyaéta bilik, sisitan awi beunang nganyam. Lian dipaké bahan weuteuhna, kai ogé bisa direcah, nu salajengna bisa diolah deui jadi kertas, papan partikel, jeung bahan sintétik lianna. Kai oge bisa dijadikeun kai lapis. Aya baku mutu air limbah industri kayu lapis.
Zat kimia nu dipibanda dina jero kai kacida penting dina nangtukeun kagunaan kai, ku dipikanyahonn kandungan kimia dina kai ogé bisa nangtukeun golongan kai sarta ngabédakeun kualitas jeung kakuatanna.[2]
No | Unsur Kimia | Komposisi | Ukuran |
---|---|---|---|
1 | Karbon | 50 | % |
2 | Hidrogen | 6 | % |
3 | Nitrogen | 0.04 - 0.10 | % |
4 | Abu | 0.20 - 0.50 | % |
5 | Oksigen | Sesana | % |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.