![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/6/65/Porkball.jpg/640px-Porkball.jpg&w=640&q=50)
Baso
salah sahiji katuangan ti Indonésia anu dijieun tina daging sapi terus di buleudkeun. / From Wikipedia, the free encyclopedia
Baso mangrupa angeun nu dibukuran emih atawa mihun maké daging baruleud sagedé-gedé kaléci[1]. Baso téh asalna ti Tiongkok.[1] Baso miboga bahan dasar daging nu dicincang tuluy dicampurkeun jeung aci.[2] Biasana dipidangkeun maké saos, kécap, jeung sambel.[3] Baso téh mangrupa salah sahiji kadaharan nu ngandung protein.[2] Baso dipikaresep pisan ku balaréa, utamana mah ku awéwé, ku sabab baso nu maké saos, sambel jeung kécap kacida segerna.[3] Baso biasana dijual maké gorobag surung atawa aya ogé ditempat nu matuh.[3] Hargana kahontal ku balaréa, ku sabab kitu baso téh geus jadi kadaharan sapopoé masarakat Indonésia.[3]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/6/65/Porkball.jpg/640px-Porkball.jpg)