Emih nyaéta adonan ipis tur panjang anu geus digulung, digaringkeun, tuluy di masak dina cai nu ngagolak.[1] Urang Italia, Tionghoa, jeung Arab mangrupa nagara anu nyiptakeun emih, sanajan tulisan anu kahot ngeunaan emih ayana di Dinasti Han Timur, antara taun 25 jeung 220 Maséhi.[1]Oktober2005, emih kahot anu umurna 4.000 taun kapanggihna di Qinghai, Tiongkok.[1]
Ilaharna emih digolongkeun jadi dua nyaéta emih garing jeung emih baseuh.[2] Unggal nagara miboga rupa-rupa emih, kalayan bahan, bentuk jeung rasa anu béda, di antarana:
Bihun—emih asalna ti Tiongkok, bahan bakuna tipung béas.[3]
Dangmyeon—emih asalna ti Korea, dari tepung ubi jalar.[3]
Fettuccine—emih asalna ti Italia, mirip spageti, gépéng tur leuelus dibandingkeun linguine.[3]