From Wikipedia, the free encyclopedia
Vertebra mangrupa tulang irégular nu nyusun tulang tonggong — kolom nu silih sambungkeun sarta fléksibel.
Manusa boga 33 vertebra, kaasup nu opat nu ngahiji jadi sacrum (nu séjénna mah dipisahkeun ku pisin antarvertebra) jeung opat tulang coccygeal nu jadi tulang buntut.
Bagian luhur anu tilu diwangun ku 24 vertebra, nu digolongkeun dina ngaran cervical ('punduk', 7 vertebra), thoracic ('dada', 12 vertebra), jeung lumbar ('cangkéng', 5 vertebra), luyu jeung perenahna dina awak.
Vertebra dibagi kana dua bagian penting: (1) ségmén anterior (hareup), nu mangrupa awak vertebra; jeung (2) bagian posterior – gondéwa vertebral atawa neural, nu mungkus vertebral foramen. Gondéwa vertebral dibentuk ku sapasang pedicle jeung sapasang lamina, nu ngarojong tujuh prosés: opat articular, dua transverse, jeung hiji spinous.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.