From Wikipedia, the free encyclopedia
Chandra Ariati Dewi Irawan, atawa leuwih kawentar ku ngaran Ria Irawan, lahir di Jakarta, tanggal 24 Juli 1969,[1] nyaéta saurang artis, béntang sinétron, sutradara ogé panyanyi nu geus ancrub kana dunia hiburan média ti saprak taun tujuh puluhan. Pilem Ria nu kasohor di antarana Biola Tak Berdawai (2003), Lupus (1987), Arisan! (2006) jrrd. Dina dunia perpileman Ria hasil meunangkeun sababaraha pangajén, boh di tingkat nasional, ogé di tingkat internasional. Ria tilar dunya dina tanggal 6 Januari taun 2020.
Ria Irawan nyaéta saurang artis turunan Minang.[2] Lahir minangka anak bungsu tina lima sadulur ti kulawarga artis, bapana Bambang Irawan, saurang aktor, indungna, Ade Irawan, ogé saurang artis. Ria mimiti biluk kana dunia pilem ti umur opat taun, maén dina pilem Sopir Taxi dina peran figuran. Tuluy maén deui di taun 1975 dina pilem Fajar Menyingsing bareng jeung Erwin Gautawa sarta dina pilem Chicha bareng jeung Chicha Kuswoyo.[3]
Ngaran Ria mimiti onjoy di taun 80-an. Peranna dina pilem Kembang Kertas (1984) meunangkeun nominasi artis panghadéna di Piala Citra taun 1985. Taun hareupna Ria dinominasikeun deui pikeun katégori nu sarua pikeun peranna dina pilem Bila Saatnya Tiba (1985). Dina taun 1988, antukna Ria hasil meunangkeun Panghargaan Piala Citra dina katégori pameran pangrojong dina pilem Selamat Tinggal Jeanette (1987), nu dibéntangan ogé ku Mathias Muchus jeung Meriem Bellina.[4] Ria ngunggulan artis-artis petingan dina meunangkeun panghargaan ieu, sainganna teu kurang ti: Nani Wijaya, Rina Hassim, Ira Wibowo jeung Rita Zahara.
Taun 90-an Ria mimiti asup kana dunia sinetron, dimimitian ku sinetron Pelangi di Hatiku (1992-1993) nu dipintonkeun ku RCTI. Taun 1994 Ria meunangkeun Panghargaan FFI pikeun peranna dina sinetron Lika Liku Laki-Laki (1994) minangka Artis Komédi Panghadéna.[5]
Taun 2003 Ria meunangkeun panghargaan Féstival Pilem Asia Pasifik minangka Artis Utama Pangpunjulna dina pilem Biola Tak Berdawai (2003).[6] Dina taun 2006 Ria dinominasikeun dina FFI pikeun katégori Artis Pangrojong Pangpunjulna dina pilem Berbagi Suami (2006), ogé di taun 2015 dina katégori nu sarua pikeun peranna dina pilem Bulan di Atas Kuburan (2015).[7] Ku pilem éta kénéh dina taun nu sarua Ria dileler ku panghargaan Piala Maya minangka Artis Pangrojong Kapilih.[8]
Ria ogé kungsi jadi sutradara jeung panulis skenario. Pilemna dijieun di taun 2016 maké judul Gila Jawa: Illogically Sane.[1]
Sajaba di dunia perpileman, Ria ogé ancrub kana dunia ngawih. Kungsi nyanyi réréongan dina grup Japras bareng jeung panyanyi-panyanyi Ully Artha, Debby Cintia Dewi, Wieke Widowati, Rini S. Bono, Nurul Arifin, Ita Mustafa. Tuluy nyieun rékaman dangdut duét jeung Rano Karno medalkeun album Hiasan Mimpi jeung Sorga Dunia. Ria ogé nyieun album solo Setangkai Anggrek Bulan jeung Di Antara Hatiku Hatimu. Tuluy Ria nyieun deui duét album bareng jeung Melissa, tukang ngawih ti Malaysia.[9]
Ria ngadahup ka saurang duda anak dua, Yuma Wiranatakusumah dina tanggal 5 April 1997. Rumah tangga jeung Yuma teu lana, maranéhna ceréy dina bulan Désémber 1999.[10] Méméh kawin ka Yuma, Ria kabéjakeun kungsi deuheus jeung sutradara kakoncara, Rizal Mantovani.[11][12] Ria kungsi ogé bobogohan jeung Aga Setya dina taun 2002, tapi teu lila, ngan sapuluh bulanan.[13] Cenah, Ria ogé kungsi deukeut jeung sutradara sohor lianna, Jay Subiakto.[10][14]
Taun 1994 Ria nandangan cocoba nalika babaturanna Rifardi Soekarno alias Aldi maot di imahna, alatan overdosis.[11][15] Alatan kasus ieu Ria mutuskeun pikeun ngungsi heula ka imah lanceukna, Dewi, di Milan, salila dua taunan, bari sakalian nuluykeun kuliahna.[15][16] Taun 2005 Ria kabaud deui ku perkara narkoba sarta kudu urusan jeung pulisi, untungna perkarana teu kapapanjangan.[17][18]
Taun 2009 Ria nandangan cocoba deui, gangguan dina rahimna ka dieunakeun katohian alatan kanker. [19][20]Ria méakkeun waragad gedé pikeun tatamba, nepi ka leuwih ti samiliarna.[20] Kajaba ti éta manéhna kapaksa reureuh heula tina dunia peran. Taun 2017 Ria dinyatakeun cageur tina panyakitna sarta mimiti ancrub deui kana dunia pilem.[21]
Taun 2016, pernahna tanggal 23 Désémber, Ria rarabi ka Mayky Wungkar. Mayky téh asistén pribadi Ria nu geus digawé bareng Ria salila 11 taun. Umur Myaky 12 taun leuwih ngora batan Ria.[22]
Bulan Séptémber 2019, Ria asup ka Rumah Sakit Cipto Mangunkusumo (RSCM) alatan panyakit kanker kelenjar geutah weningna kambuh deui.[23] Bulan Nopémber Ria dirawat deui di RSCM.[24] Antukna dina tanggal 6 Januari 2020 Ria mulih kajati mulang ka asal, masih di RSCM,[25] dina umur 50 taun.
Ria dikurebkeun di TPU Tanah Kusir, Jakarta Kidul dina poé éta kénéh.[26] Sabelas poé sadikantunna ku Ria, dina tanggal 17 Januari 2020, ibuna Ria, Adé Irawan, nyusul Ria mulih kajati dina umur 82 taun.[27]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.